Prestasi nyugemakeun
ditembongkeun ku SMP PGRI Bogor Timur, sabab ngan hiji-hijina sakola swasta anu
bisa jadi juara dina Lomba Tata Upacara Bendera (LTUB) tahun 2015 tingkat SMP sa-Kota Bogor. SMP anu dipingpin
kua Yayat “Odoy” Hidayat ieu, geus bisa
ngèlèhkeun sakola nagri lianna. Hal ieu dicaritakeun ku inyana, basa narima
piala di buruan Dines Pendidikan Kota Bogor di Jalan Pajajaran Kota Bogor, Rebo (30/9).
“Sakola kuring mah lapangan upacarana ogè
heurin kacida, dukdek lamun ngayakeun upacara bandera tèh. tapi Alhamdulillah
ku jadi juara ka tilu ogè geus mangpirang-pirang,”ceuk Yayat. Pikeun ngungkulan
kakurangan èta, LTUB di SMP PGRI 2 ditambahan ku pirigan corsic. Sawatara
pikeun juara kahiji jeung kaduana
direbut ku SMP Negeri 2 jeung SMP Negeri 1.
Sedengkeun tingkat SMA direbut ku SMAN 6 (juara 1), juara ka dua, SMAN 3
sarta katiluna beunang ku SMAN 2. SMKN 2 ngarebut tempat kahiji, SMKN 4 jeung
SMKN 1 meunang tempat ka tilu dina tingkat SMK. Salian ti meunang tropi, para
pinunjul LTUB ogè meunang waragad pangbinaan anu gedèna, Rp 2.500.000 juara ka
hiji, nu kadua Rp 1.500.000 sarta Rp 1.250.000 pikeun juara III.
"Pikeun pinunjul
kahiji8 bakal dipersiapkeun milluan LTUB tingkat provinsi dina bulan Nopember nu bakal datang,” ceuk Teddy Kuanadi ketua pelaksana kagiatan.(Br/DHP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar