Wartabasasunda. SUKAJAYA. Kokolot
Kampung Adat Urug Tonggoh, Desa Urug Kacamatan Sukajaya Kabupaten Bogor, Abah Sukardi meredih ka Pamarentahan
Kabupaten Bogor sangkan ilubiung langsung ngabenahan Kampung Urug anu geus
kaleungitan jatidirina. Hal ieu dijèntrèkeunna
basa WBBS nganjang ka imahna di Kampung Urug Tonggoh, Desa Urug Senen (29/9). Malah ceuk Abah Sukardi, papan ngaran Kampung
Adat Urug anu dipasang di sisi jalan asup ka kampungna dicabut, sabab Kampung
Urug kiwari sarua jeung kampung lianna.
“Tong
boroning jadi kokolot kuring mah, jadi wargana ogè èra, ku ayana papan ngaran
di hareup tèh, Sim kuring meredih ka Pamarèntah Kabupatèn Bogor, sacepetna
turun ka Kampung Urug pikeun ngabebenah
sangkan bisa balik deui ka jati dirina, dunya tatanèn,” tegesna. Pangna Kampung
Urug dijadikeun kampung adat, ceuk Abah Sukardi, kusabab karuhun baheula nyekel
adat jeung aturan kana urusan tatanèn, saluyu jeung sajarah atawa
kasangtukangna. Sumber sajarah Kampung
urug sakumaha remen dicaritakeun ku
karuhunna, kaasup ayeuna dirina, teu bisa leupas ti Nyi Pohaci, putra
kakasihna Eyang Prabu (Siliwangi?) anu mimiti kareseban dina poè Jumaah sarta
kakara kanyahoan dina poè Ahad, tur getih èta dibanjur sarta ragrag kana taneuh
dina poè Senèn. Ti riwayat èta, aya aturan anu kudu dijalankeun ku sakabèh
warga Kampung Urug diantarana teu meunang ka sawah jeung ngomè pare dina
Jumaah, Ahad jeung Senèn. Mangsa Nyi Pohaci pupus, dina sababaraha tempat aya
bijil tatangkalan anu diantarana jadi binih pare anu dipelakkeun di sakuliah
Kampung Urug.
“Lamun
kokolotna waè geus ngarumpak aturan, tunggul
dirarud catang dirumpak dina urusan tatanèn, naon anu dipikareueus di
Kampung Urug atuh,” pokna daria. Inyana ogè kacia manghanjakalkeun ka sikep
kokolot Kampung Urug lianna, anu geus
teu miara tali paranti karuhunna, diantarana teu meunang ngagiling pare, sabab
aturanna kudu ditutu, masih kènèh ngomè pare dina poè-poè anu dipahing, teu
daèk melak pare babarengan ogè binih pare baheula diantarana Sri Kuning, Pare
Beureum Cempa, Kewal, Raja Wesi, Limar sarta
Ketan Gado anu umurna saluhureun
5 nepi ka 7 bulan.
“Lantaran
hayang panèn dua nepi ka tilu kali kalah der melak pare varitas anyar.
Balukarna katempo pisan. Mangsa keur sok melak pare warisan, urang Kampung Urug
tara pernah kakurangan bèas, Ayeuna mah pan bèas raskin ogè mani
parebut,”sanggemna deui. Pikeun miara
adat anu geus mangratus-ratus taun aya, tur ayeuna geus mimiti ditaringgalkeun,
Abah Sukardi mènta sangkan Kampung Urug dijadikeun puseur tatanèn jeung
pangwinihan pare baheula, sakumaha anu dilaksanakeun di Kabupatèn Cianjur anu
ngawajibkeun sababaraha tempat melak pare jinis Pandan Wangi sarta nu lianna.
Sawatara èta Kokolot Cipatat Kolot anu ogè masih rèrèhan ti Kampung Urug
nyebutkeun lamun dirina angger mituhu
kana aturan anu geus diwariskeun ku karuhunna.
“Kuring
mah sieun pisan lamun kudu ngarumpak aturan tèh. Salah sahijina di imah kuring
mah pare salawasna ditutu teu pernah dibawa ka tempat heuleur pikeun digiling,
sieun dihukuman ku karuhun,”jawabna
daria. Ayana ka teu cocokan diantara para kokolot di Kampung Urug diaku
Sekdesna, Candra. Numutkeun Candra pihak Pamarèntahan Desa Urug anu dipingpin
ku Ata Iskandar geus pernah ngariungkeun para kokolot di kantir dèsa diantarana
sangkan melak pare babarengan jeung pare anu sakumaha biasa dipelak.
“Mangsa
ngariung mah enya rèk tuhu, tapi dina praktèkna mah gumantung kana kahayang
kokolot èta, pakia-kia jeung anu geus dimusawarahkeun,” ceuk Candra. Inyana ogè
minangka generasi ngora ngarasa kacida hariwangna kana ayana pasualan kitu,
sabab geus pasti kahareupna sakabèh budaya anu aya di Kampung Urug bakal carem lamun teu buru-buru
dibenahan ti ayeuna. Desa anu legana 400, 5 Ha sarta pangeusina 1507 KK atawa
5170 urang ieu, budaya tatanènna bakal tilem, padahal satengahna, kurang leuwih
200 Ha-na, mangrupa pasawahan jeung pakebonan.
“Mugia
wè aya perhatosan ti Cibinong sabab ti
des amah teu dianggap pisan,”pokna mungkas carita. (Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar