Ngarasa
prihatin jalan di Kampung Gardu Tugu RT 01 RW 01 Kalurahan Margajaya, Kacamatan
Bogor Barat, remen rusak sarta ngabahayakeun ka nu ngagunakeunna hususna barudak anu keur diajar leumpang, HM.
Yusuf salah saurang warga satempat ahirna ngaaspal jalan ieu, Saptu (12/9).
Waragad pikeun ngaspalna kaluar tina pèsak sorangan. Mangsa ditanya sabaraha
waragad pikeun ngaspal jalan anu legana kurang leuwih 300 meter ieu, inyana teu
daèkeun wakca balaka.
“Keun
wè lah urusan èta mah ukur kuring jeung Gusti Allah nu terang, bisi ngaruksak
ibadah kuring, bisa jadi matak riya,”pokna daria. Niat Haji Yusuf anu
nyumbangkeun rejekina pikeun ngaspal jalan tangtuna ngabagyakeun balarèa
hususna warga satempat. Numutkeun Ketua RT 01 RW 01, Dadang Haerdarsono,
pihakna langsung nyieun surat beware ka wargana sangkan nyimpen mobil atawa
motorna di buruan SD Insan Kamil ti
mimiti poè Jumaah sore atawa Saptu isuk-isuk.
“Ambèh
lamun rèk aya perlu kaluar ngagunakeun kandaraan henteu ngaganggu nu keur
ngaspal,”saurna. Dadang ogè meredih dina surat beware èta, sangkan wargana rèrèongan
nyadiakeun konsumsi pikeun pagawè anu
lobana 10 urang.
“Alhamdulillah,
Bu Emed jeung pun bojo isuk-isuk geus
balanja ka Pasar Laladon meuli asakeun,” pokna deui. Ditambahkeun ku inyana, nu
nyarumbang pikeun konsumsi kawilang rèa, salian ti warga satempat, aya ogè ti
SD Insan Kamil anu sakolana aya di
lingkungan satempat. (dhp)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar