Patali
jeung kereteg hate salah sahiji
kasepuhan Kampung Urug Tonggoh, Desa Urug Kacamatan Sukajaya Kabupatèn Bogor,
Abah Sukardi anu nyebutkeun yèn kampung
budaya ieu geus kaleungitan jatidirina, kusabab para kokolot lianna geus
ninggalkeun tali paranti karuhun dina
urusan tatanèn, Dinas Kebudayaan jeung Pariwisata Kabupatèn Bogor bakal nyieun
lèngkah pikeun ngungkulanna. Hal èta ditegeskeun ku Kepala Disbudpar Kabupatèn
Bogor Rachmat Saujana di kantorna sababaraha waktu kaliwat.
“Sim
kuring bakal nyawalakeun heula jeung para kokolot di Kampung Urug sarta umajak Dines Tata Ruang Bangunan
jeung Pamukiman sarta Dines Pertanian jeung Kehutanan Kabupatèn Bogor pikeun nèangan
jalan kaluarna,”ceuk Rachmat. Malah leuwih jauhna Rachmat bakal ngusulkeun
sangkan dijieun Perbub pikeun wangunan anu aya di Kampung Urug, kitu ogè patali jeung
dunya tatanèn rèk dijieun Perbupna sangkan binih pare anu aya di Kampung
Urug henteu sirna.
“Perbup
pikeun wangunan ayana di Dines Taruba jeung Pemukiman, sedengkeun ngeunaan
tatanèn atawa plasma nuftah kawenangan Dines Pertanian jeung Kehutanan Kabupatèn
Bogor. Insya Allah sim kuring bakal sawala jeung dua dines èta,” pokna daria.
Salian ti èta, sangkan sakabèhna bisa jalan saluyu jeung kahayang tangtuna kudu
ngajak Pemda satempat boh aparat ti Desa Urug atawa ti Kacamatan Sukajaya.
Inyana yakin ku ayana Perbub-perbub ieu, Kampung Urug bisa disalametkeun sarta
kahareupna tetep jadi kareueus urang Bogor.
“Titinggal
kahirupan karuhun urang Sunda anu masih aya di Kabupatèn Bogor,ukur Kampung
urug, nyaah kacida lamun nepi ka
leungit,”tegesna.
![]() |
| Kepala Disbudpar Kab. Bogorm Rachmat Saujana |

Tidak ada komentar:
Posting Komentar