WartaBasaSunda.
TAJURHALANG. Pupuhu Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Bogor,
Ade Sarip Hidayat, negeskeun yèn dunia atikan (pendidikan) jeung Pramuka, teu
bisa dipisahkeun, lir cai jeung laukna. Kusabab kitu Gerakan Pramuka kudu tetep
hirup nyaangan hate barudak sakola, guru
jeung sakumna nu kalibet dunya pendidikan. Hal èta ditegeskeun Adè mangsa muka
kagaitan Kursus Mahir Lanjutan (KMP) Tingkat Penggalang taun 2015 anu diayakeun ku Kwarcab Kota Bogor, di Desa
Tajur Halang Kacamatan Cijeruk, Kabupatèn Bogor. Di hareupeun para pamilon KML
anu rata-rata kapala sakola inyana negeskeun sangkan dina ngalaksanakeun
kagiatan Pramuka di dasaran ku rasa ihlas,hayang ngamajukeun kapramukaan di
Kota Bogor.
| Moh. Hamzen, M.Si |
“Omat Pramuka mah lain
pikeun nèangan duit, tapi pikeun
pangabdian,”tegesna. Minangka ciri yèn
kagiatan KML dimimitian, sabada bèantara Adè anu ogè Sekda Kota Bogor,
masrahkeun pataka ka salah saurang paanitia sarta masangkeun pin ka para pamilon. Sawatara èta, Pupuhu Palaksana Kagiatan, Moh. Hamzen nyaritakeun
yèn KML anu dilaksanakeun dina taun 2015 ieu, dipiluan ku 30 urang pamilon sarta diwaragadan tina
anggaran Kwarcab Kota Bogor.
“Sa Kwartir Ranting
ngirimkeun pamilon lobana 5 urang. Sarta saratna geus miluan KMD sakurangna 6
bulan bari geus nyieun Nalakarya, nyaèta tulisan jeung kagiatan anu geus
dilaksanakeun salila 6 bulan katukang,”saurna. Kwarcab. Kota Bogor sorangan
nepi danget ieu geus ngahasilkeun 800
urang leuwih Pembina anu miluan KMD tina target 1000 urang. Sedengkeun
pikeun Pembina anu geus miluan Kursus Pelatih Dasar (KPD) di tingkat Kwarda aya
36 urang. Sarta nu geus miluan Kursus
Pelatih Lanjutan di Kwarnas aya 16 urang.
“Allhamdulilllah mangsa Pa
Ade Sarip mingpin Kwarcab Kota Bogor dina waktu ukur 3 taun, Kwarcab Kota Bogor
jadi Kwarcab Panggiat ka 3, anu samèmèhna ka 22 tina 24 Kwarcab anu aya di Jawa
Barat,”pokna tatag. (Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar