WartaBasaSunda.
TANAH SAREAL. Kalurahan
Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor siap
naratasan Kota Bogor jadi Kota Bersholawat atawa Sholawatan. Hal ieu
geus dibuktikeun ina unggal kagiatan Hari Besar Islam, kawih Sholawat
Nabi jadi kabiasaab umat Islam di kalurahan anu ngawates jeung Desa Cilebut
Barat Kabupaten Bogor. Dina Saptu (17/10/2015) peuting, magrèbu-rèbu umat Islam
minuhan pakarangan Masjid Asshurofa
Kampung Kalimurni RW 01 Kalurahan Kencana. Kagiatan anu sasmitana “Kalimurni
Bersholawat “ dilumangsungkeun dina raraga mapag taun anyar Islam Islam 1437
Hijriah. Acara anu ditaratas ku rumaja Kalimurni ieu, ngondang Habib Muhammad
Mahdi Bin Hamzah Assegaf pingpinan Majlis Ta’lim Syababul
Kheir. Warga anu daratang loba kacida,
salian ti minuhan masjid jeung pakarangan ogè nepi ka sisi jalan sarta bari
sila husu macakeun sholawat ka Nabi
Agung Muhammad SAW.
Kalimurni Bersholawat ieu diluuhan ku Lurah Kencana
Syafei R, Kasie Trantib Yan Sopyan, Ketua
Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Surya, Ketua RW 01 Kelurahan Kencana Abdul Malik, sajumlah
ulama, kiayi, inohong pamuda. karang
Taruna sarta para santri ti sababaraha Majlis
Ta’lim. Numutkeun Ketua Hubungan antar Lembaga jeung CSR Karang Taruna Kac.
Tanah Sareal Agus, kabiasaan sholawatan
di Kalurahan Kencana kudu terus dijaga jeung dilaksanakeun , sarta Kalurahan
Kencana kudu jadi panaratas Kota Bogor Bersholawat. Sapamadegan jeung Agus,
Muslim salah saurang inohong masarakat Kalimurni anu ogè Ketua RT 02, nyebutkeun
yèn ku ngabiasakeun maca sholawat, insya Allag Kota Bogor bakal meunang
kaberkahan ti Allah SWT. Sedengkeun Lurah Kencana, Syafei R dibarengan Kasi
Trantibna, Yan Sopyan nètèlakeun kacida reueusna kana ayana kagiatan èta, sarta
umajak ka nu haladir sangkan hijrah ka jalan nu leuwih hade. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar