WartaBasaSundaBogor, Juanda. Prof.
Dr. Sambas Basuni, Guru Besar Manajemen Kawasan Hutan IPB Bogor, meredih sangkan program Pariwisata
Berkelanjutan (suistanable Tourism) anu eukeur dihangkeutkeun ku Kamentrian
Pariwisata Indonesia, dirobah jadi Pariwasta
berwawasan lingkungan. Hal ieu ditegeskeun ku Sambas mangsa jadi panyatur dina Rapat Koordinasi anu sasmitana Intregrasi
jeung Optimalisasi Pariwisata
Berkelanjutan di Gedong Badan
Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Barat, Jln. Ir.
Juanda Kota Bogor., Kemis (8/10). Pamènta Sambas ieu ditepikeun saentas Frans
Teguh, Asisten Deputi Pengembangan Infrastruktur jeung Ekosistim Pariwisata
Kementrian Pariwisata RI medarkeun porgamna. yèn Kemnetrian Pariwasata nu kiwari keur
ngahangkeutkeun Program Pariwisata Berkelanjutan. Numutkeun Sambas sakumaha kaunggel dina UUD 1945, pasai
28 ayat 1,anu eusina jelas pisan ngèbrèhkeun yèn unggal warga mibanda hak hirup
sajahtra lahir jeung batin, mibanda padumukan jeung meunang lingkungan hirup
anu alus jeun sèhat saeta meunang palayanan kasèhatan.
“Kusabab
kapentingan pangwangunan ekonomi, hak meunangkeun lingkungan anu sèhat jeung hade
ieu, dièlèhkeun ku Perda sarta henteu jadi hak dasar,”teges Sambas. Masarakat ayeuna, sanggemna, meunang kaayaan
lingkungan anu gorèng balukar tina pangwangunan anu tuluy tumuluy atawa
berkelanjutan. Para pangawasa bangun anu ngahaja nyumputkeun pasal ieu,
padahal, investasi dina pariwisata anu mibanda wawasan lingkungan hirup
kauntunganna 10 kali lipet tina usaha nu lianna. Sawatara èta, Frans Teguh
negeskeun yèn anu disebut pariwisata anu tuluy tumuluy tèh sangkan generasi anu
bakal datang tetep bisa ngarasaan tempat wisata anu kaayanna sarua jeung nu
kiwari.
“Hartina
taya karuksakan atawa dirawat jeung dirumat sangkan tetep sarua jeung kaayaan
nu ayeuna,”saurna. Pikeun èta jeung ngaronjatkeun jumlah nu daratang ka
Indonesia, pihak Kamentrian Pariwasta keur nyieun sakurangna 32 Kawasan
Strategeus Pariwisata Nasional, 2 diantarana aya I wilayah I. nyaèta wewengkon Gunung Gede –Pangrango dan Halimun. Kagiatan Rakor
ieu dibuka ku Kepala Bidang Pembangunan BKPP Wilayah 1 Jawa Barat, Al Mursyd sarta ngadatangkeun para
panyatur ti praktisi jeung akademisi pariwisata iantarana Dr, Ir. Riky Avenzora,
para Kadisbudpar, sarta OPD I wilayah I. (Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar