WARTABASASUNDABOGOR
Haji
Arief Hidayat atawa Mama Arief Hidayat, ahli dongeng Sunda, negeskeuun bakal
maju dina pamilihan pupuhu Dewan Kesenian jeung
Kabudayaan Kota Bogor (DK3B) anu bakal dilumangsungkan dina April nu
bakal datang. Majuna ahli dongèng ieu geus pasti bakal ngaramèkeun jumlah calon
pupuhu anu aya, ceuk basa dongèngna mah
kawas torolong hayam ti kolong. Numutkeun inyana, aya sababaraha seniman
jeung budayawan sarta anggota DPRD Kota Bogor nu datang ka imahna, meredih
sangkan dirina maju.
“Ulah
henteu Ma, salametkeun DK3B, sabab tina calon anu bakal maju ayeuna, kahareupna
angger moal harmonis, bakal aya pacogrègan. DK3B bakal moal buleud,”saur Mama
Arief nirukeun ucapan anggota DPRD Kota Bogor, di bumina di wewengkon komplek paimahan
Taman Yasmin Kacamatan Bogor Barat Kota Bogor, Ahad (20/3). Mama Arief sorangan ngarasa yakin, yèn majuna
dirina jadi pupuhu DK3B bakal loba nu ngarojong.
“Sim
kuring geus nyiapkeun calon pangurus lamun tèa kapilih. Loba seniman jeung
budayawan Bogor anu hade gawèna, rancagè, tara loba omong, hasil gawèna geus
kanyahoan anu keur diajakan badami pikeun majukeun DK3B,”tegesna.
Sakumaha dipikanyaho, kaayaan DK3B ayeuna, kaayaanna
“status quo”, sabab pupuhu anu geus
kapilih teu bisa ditarima hasil pamilihinna. Dines Kebudayaan Pariwisata jeung
Ekonomi Kreatif Kota Bogor, ahirna bakal ngalaksanakeun pamilihan deui. Tapi
ceuk panitèn budaya, Cecep Thoriq, lamun anu geus milu pamilihan kamari milu
deui, dihariwangkeun bakal paciweuh.
“Alusna
mah aya inohong sèjèn anu miluan tur bisa ngararapih kaayaan anu ayeuna keur
riweuh,”ceuk Cecep.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar