WARTABASASUNDABOGOR.Bupati
Bogor, Hj. Nurhayanti ngariksa ngadadak ka Pasar Cibinong anu tujuanna pikeun
nganyahokeun harga bahan poko kabutuhan masarakat diantarana daging, bèas, cabè,
bawang jeung kabutuhan lainna.
Nurhayanti anu datang kurang leuwih jam 11.30 WIB di Pasar Cibinong,
langsung ngajugjug kios sayuran, bari
nanyakeun naha harga sayurna naèk atawa henteu. Saentas ti kios sayuran
Bupati neruskeun ngariksana ka kios daging,
sarta ngobrol jeung padagangna, Kemis, (16/6)..
"Sabaraha harga daging ayeuna, Pa ?" ceuk Nurhayanti.
"Hargana masih Rp 100-110 ribu sakilona, bu," jawab tukang daging. Bupati ogè ngaroris kios bèas bari nanyakeun naha sasadianna cukup pikeun Iedul Fitri. Saentas ngaroris saeusi pasar Bupati Yanti negeskeun yèn sasadiaan sembako sarta hargana kawilang aman, sarta harga daging lokal masih bisa diturunkeun. Inyana ogè mertèlakeun yèn pikeun ngajaga sangkan masarakat Bogor teu ngarasa beurat mangsa meuli daging, Pemkab Bogor bakal miluan program Pamarèntah Pusat ngajual daging impor anu hargana Rp 75 ribu sakilona.

“Pemkab
Bogor ogè bakal ngalaksanakeun bazaar sembako murah di wilayah Kabupaten Bogor,”pokna
daria. Nurhayanti negeskeun saentas ngalaksanakeun pamaraiksaan, taya harga anu kawilang ahèng, kusabab
sasadiaan barang anu diperlukeun kawilang cukup kaasup endog. Malah pikeun cabè
mah sasadiaanna ogè aya 472 ton nepi ka bulan Juni. Dina kagiatan èta nyampak Asisten
Administrasi, Dirut PD Pasar Tohaga, Camat Cibinong sarta Kapolsek jeung Danramil
Cibinong. (Andi/Diskominfo Kab.Bogor/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar