Kamis, 21 Juli 2016

Tari Manuk Caladi Ngabagėakeun Tamu ti Walanda







WARTABASASUNDA. (Bogor)Dua puluh urang murid Sint Marteen College (Sakola Katholic satingkat SMA) Mastricht,  Walanda ngaku ngarasa sugema ku system pendidikan anu diterapkeun di SDN Polisi  4 Kota Bogor, mangsa maranėhanana ngadeugdeug sarta ngalaksanakeun sababaraha kagiatan di sakola ieu, Kemis (21/7). Mangsa rombongan  murid ti nagara Kincir Angin anjog ka pakarangan di sampakkeun ku seni Sunda nyaėta ibingan Manun Caladi jeung pangbacaan pupuh Sunda.  Wawakil murid ti Walanda nyaėta Branko, Joep, Laurens jeung  Lianne, ngarasa gumbira pisan, sabab murid SDN Polisi 4 kacida somėahna, tur umaku pisan  nepi kagiatan anu dilaksakeun dina poė ėta lumngsung lancar. Kitu ogė para guru sarta Kapala Sakolana, geus ngajelaskeun sababaraha program anu kacida hadėna.
“Para siswa di dieu kacida somėah, disiplin sarta gancang pisan diajak komunukasi, sakolana kacida pinuh warna tur kagiatan anu direncakeun bisa lumangsung lancar,” ceuk  Branko. Sawatara ėta wawakil guruna, Mr.Luc miharep pisan hubungan anu geus dimimitain ulah ngan saukur nepi ka poė ėta wungkul tapi bisa lumangsung kahareupna.
“We really hope our relationship not only  this morning but we stll make the relationship in the future,”tegesna. Sedengkeun Kepala SDN  Polisi 4, Yayah Komariah, ngarasa bungah ku kasumpingan  barudak sakola ti Walanda anu dijejeran ku De Tara Foundation anu gawė bareng jeung Global Expedition sarta salah sahiji lembaga pendidikan di Belanda.
“Maranhanna bakal  aya di Indoensia salila 5 poė, jeung saur Yayah. Dijelaskeun ku inyana program anu dihangkeutkeun ku rombongan ėta dina raraga dating ka Indonesia nyaėta Learning, Sharing and Protecting Our Cultural for Our  Better Society.
“Jadi maranėhanana waė ngahangkeutkeun  pikeun nantayungan budaya aslina kunaon urang heunteu. Numatak dibagėakeun ku Tarian Manuk Caladi  jeung Pupuh anu sakabėhna ti Sunda ambėh nyahoeun yėn program samodėl kitu di urang mah geus dilaksanakeun.” Ceuk Yayah, tatag.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar