Pikeun mapagkeun milangkala Bogor anu ka 533 taun
2015, warga Kalurahan Cipaku
ngarencanakeun pikeun ngalaksanakeun
ngaliwet bareng. Sedengkeun ngeunaan waktu jeung tempatna bakal disawalakeun heula jeug RT, RW
sarta LPM satempat. Pamaksudan èta
ditepikeun Lurah Cipaku, Budiman mangsa
ditepungan di rohangan gawèna sababaraha waktu kaliwat. Numutkeun Budiman,
warga Kalurahan Cipaku kacida resepeunna
mangsa aya rencana rèk ngaliwet bareng.
Malah kagiatan ieu rèk dilaksanakeun unggal taun.
“Kagiatan ieu ogè bakal
dimangpaatkeun pikeun musawarah sarta nyambungkeun silaturahim jeung warga, pikeun nyawalakeun program pamarèntah,” sanggem Budiman.
Diantarana ti mimiti nyiapkeun pikeun adipura,
kegiatan PBB, kebersihan K3, Jumat jeung
Ahad bebebersih anu geus lila dilumangsungkeun. Salian ti èta,
Kalurahan Cipaku ogè geus ngalarapkeun konsep 3R (Re-duce, Re-use, Re-cycle)
dina ngokolakeun runtah. Salah sahiji
cara anu dilaksanakeun nyaèta misahkeun runtah ti imah kènèh ngaliwatan RW- RT. Kasibukan lianna nyaèta keur nyiapkeun Helaran
milangkala Bogor, gawè bareng jeung
sanggar seni aya di wewengkonna. (Ismet/Dadang HP
![]() |
Lurah Cipaku, Budiman |

Tidak ada komentar:
Posting Komentar