Poè ieu, Ahad (24/5) tiim
gabungan ti Federasi Panjat Tebing Indonesia (FPTI) Kota Bogor, Daya Mahasiswa
Sunda (Damas) Bogor, Lembaga Kebudayaan Sentradaksa jeung Mapalas, bakal
ngalaksanakeun Ngumbah Kujang dina raraga mièling Milangkala Bogor anu ka 533.
Satadina acara ngumbah bakal dimimitian jam 9 beurang sarta bakal dibuka ku
Walikota Bogor, Bima Arya tapi kulantaran aya acara marengan, pangbukaanna
bakal dimimitian jam 3 sore poè ayeuna kènèh. Bubuka munggaran tadi isuk, dimimitian ku biantara pangbagèa Pupuhu Sentradaksa Ki Tjetjep Thorig, bubuka
ti Pupuhu Damas Bogor, Rendi Mulyadi sarta ngawihkeun Lagu Indonesia Raya jeung Mars Damas
dipingpin ku Desi Prhantini, dipungkas ku Kolot Sanja, Sudrajat Lutung
Kasarung. Numutkeun Tjetjep Throriq, cai
pikeun ngumbah kujang dicokot tina
sumber mata cai di Kota Bogor, nyaèta ti Cidangiang, Cibogor sarta bakbis,
Lapangan Sempur dina poè kamari, Saptu (23/5).
“Ngumbah kujang ieu
minangka tanda nyaah ka lemah cai hususna Bogor, ulah disimpangkeun kana tujuan
anu lian. Ieu tandana urang kudu prokprèkprak, lain ngan saukur nyarita
wungkul,”ceuk Tjetjep. Pangna kudu dimimitian jeung dibanjurkeun ku cai ti tilu
sumber, sanggemna, aya selenting bawaning angin, kolèpat bawaning kilat, aya
harèwos ti Kolot Sanja, sangkan Bogo tiis sarta henteu hujan mangsa ngamimitian
Ngumbah Kujang.
“Eta mangrupa du’a urang
sarèrèa,”pokna daria. Kagiatan ieu ogè diluuhan
sababaraha komunitas Kasundaan, sarta panaratas Ngumbah Kujang
munggaran, diantarana Erwin jeung rèngrènganna. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar