Sanajan
can cageur pisan sarta masih dirawat di Rumah Sakit Mulia Kota Bogor, Hanum Khaleda tetep kudu miluan Ujian
Nasional (UN) Sekolah Dasar anu dilaksanakeun dina mimiti Senin (18/5/2015).
Murid kelas VI SDN Bantarjati 9 Kota Bogor, ieu kapaksa kudu ujian di rumah
sakit. Dumasar hasil diagnose diagnosa dokter, murid SD Bantarjati 9 ieu, tètèla
katarajang demam berdarah dengue (DBD). Numutkeun indungna, Herlina mangsa
munggaran dibawa ka rumah sakit, trombosit getihna turun nepi ka 156.
Tapi saentas dirawat mah geus naèk deui, sanajan kaayanna can sabirahi deui.
Indungna miharep, sangkan Hanun bisa miluan UN nepi ka rèngsèna sarta kacida
nganuhukeun ka Dines Pendidikan Kota Bogor anu geus bisa ngajalanan ujian di
rumah sakit. Sawatara èta, Ketua komite sekolah SDN Bantarjati 9 Syaiful
Apriyadi negeskeun yèn kaayaan Hanun mèmang lain dihaja, pikeun èta pihak sakola
kacida ngarojongna sangkan inyana bisa milu ujian di rumah sakit.
Kepala
Dinas Pendidikan Kota Bogor Edgar Suratman nètèlakeun yèn anu miluan UN tingkat
SD aya 272 Sekolah sarta pamilon ti SD jeung Madrasah Ibtidaiyah (MI) di
Kota Bogor jumlahna aya 19.801
urang murid. Sedengkeun ngeunaan pelajaranna nyaèta Senen, Bahasa Indonesia,
Selasa (19/5) Matematika jeung Rebo (20/5) Ilmu Pengetahuan Alam. (Iso/Dadang
HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar