“Can aya laporan ti
warga anu asup ka Pemkot Bogor lamun bèas
sintetik geus sumebar di Kota Bogor. Tapi sanajan kitu Pemkot Bogor angger
waspada, ceuk paribasana mah sadia payung samèmèh hujan,”tegesna. Pikeun nyegah
sumebarna bèas samodèl kitu, Usmar umaku geus marèntahkeun sababaraha dines anu
aya patali jeung urusan ieu diantarana Dinas Perindustrian jeung Perdagangan, PD. Pasar, BULOG, Kantor
Ketahanan Pangan sarta pihak Kepolisian sangkan ngalumangsungkeun sidak ka
pasar-pasar sarta distributor bèas boh anu galede atawa leutik.
“Warga Kota Bogor sangkan tetep tenang sabab
Pamerintah Kota Bogor moal cicingeun,”pokna daria. Usmar miharep Dinas Pertanian ngaoptimalkan sakabèh potensi jeung lahan anu aya di Kota Bogor pikeun ngadorong swasembada bèas pikeun minuhan kabutuhan bèas satempatlokal.(rahmat/dadang hp)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar