Mapag
milangkala ka 533 taun dina tanggal 3 Juni 2015 anu bakal datang, aya bèja
pikabungaheun pikeun Kota Bogor. Salah sahijina hasil ujian nasional (UN)
barudak SMA jeung SMK kota Bogor anu
miluan dina taun ieu, nilèyna aralus pisan. Numutkeun Kepala Dinas Pendidikan
Kota Bogor, rata-rata nilèy UN IPA-na pangalusan di Jawa Barat.
“Salah
aurang siswa SMAN 1 Bogor nilèy UN IPAna katilu pangalusna sarta siswa SMA
Negeri 3, meunang niley ka genep panggedèna sa-Jawa Barat,”sanggem Edgar. Kitu
ogè hasil UN SMK Kota Bogor ogè kawilang istimewa, aya dina posisi ka 3, malah nilèya ujian nasional SMAKBO pangalusna pikeun sakumna SMK sa-Jawa Barat.
Dya urang murid SMAKBO nilèyna ka hiji jeung ka salapan,sedengkeun murid siswa
SMK Analis Kimia YKPI aya di tempat kagenep. Hasil ieu pastina ngabungahkeun
Walikota Bogor,Bima Arya.
“Alhamdulilah ieu prestasi hebat ti barudak
sakola kota Bogor. Mudah-mudahan prestasi ieu bisa nyumangetan barudak sakola sèjènna sangkan terus
ngamekarkeun kreasi jeung prestasina dina sagala widang,” saurna.
Pangumuman kalulusan UN ieu dikaluarkeun dina Jum’at (15/5) ayeuna. (ARW/Dadang HP)
![]() |
| Kadis Pendidikan Kota Bogor, H. Edgar Suratman |

Tidak ada komentar:
Posting Komentar