Pikeun mièling milangkala Bogor anu ka 533, Panitia
Hari Jadi Bogor (HJB) Kalurahan Menteng Kacamatan Bogor Barat,
ngalumangsungkeun sabaraha kagiatan diantarana lomba karaoke, pildacil jeung
nasyid di buruan kantor kalurahan satempat. Tètèla kagiatan ieu loba pisan anu
miluan jeung nongton, sanajan dilaksanakeun di dua tempat anu bèda.Numutkeun
pupuhu panitia HJB ka 533 Kalurahan Menteng, Zen, kagiatan mièling milangkala
dina taun ieu, leuwih loba tibatan taun samèmèhna. Pikeun lomba ngawarnaan
dilaksanakeun di Pendopo RW 19 dina Ahad mangkukna.
“Sakabèh kagitan mièling milangkala ieu diaranan Saba Menteng,”ceuk Zen. Sawatara èta, Lurah Menteng, Heru Sudewo, kacida ngarojongna kana lèngkah pihak panitia anu geus ngalaksanakeun
kagiatan di wewengkonna.
Inyana miharep ku ayana kagiatan-kagiatan mièling
milangkala Bogor anu ka 533 èta, warga
Mèntèng bisa siling pikawanoh jeung ngaraketkeun tali silaturahim diantarana
sasama warga. Kagiatan lianna anu bakal
dilaksanakeun nyaèta Jalan Sehat dina tanggal 31 Mei 2015, anu ruteuna mapay-mapay jalan di unggal RW anu aya di Kalurahan Menteng.
Inyana miharep pisan sakumna warga Kalurahan Menteng bisa ilubiung dina
kagiatan èta. Pikeun ngabeberah hate
para pamilon gerak jalan, bakal aya Grup Keroncong pingpinan Suyitno. (Tria/Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar