Salasa isuk, kira-kira tabuh 06.00 Wakil
Walikota Bogor, Usmar Hariman geus aya di Jalan Jalan Oto Iskandardinata,
dibarengan ku Pingpinan PD. Pasar Pakuan Jaya, Kepala DKP, Kepala Wasbangkim,
Kepala DLLAJ, sarta Aparat Kecamatan Bogor Tengah, pikeun ngariksakeun kagiatan
PKL anu keur daragang di wewengkon Pasar Bogor. Numutkeun inyana, pangna datang
rebun-rebun kènèh pisan pikeun nitènan kayaan di pasar èta.
“Kagiatan sim kuring geus mindeng
dilaksanakeun lain ngadadak, sabab geus dilakonan sataun samèmèhna,” tèmbalna
basa ditanya ku wartawa. Inyana ogè negeskeun yèn panataan PKL, teu sagemlengna
ngatur tempat padagang. Nu pangpentingna
mere tempat ka masarakat hususna pikeun nu ngagunakeun jalan. Di sagigireun èta,
sanggemna, sangkan para padagang ngaronjatkeun disiplin pikeun ngajaga
kabersihan tempat jujualanna. Panataan PKL
ogè kudu ngawengku panyadiaan tempat parkir pikeun kandaraan, boh pikeun motor
atawa mobil, ulah ngabalukarkeun kamacètan. Sawatara èta Direktur PD
Pasar Pakuan Jaya, Andri Latif, nyebutkeun jumlah para PKL anu aya di Jalan
Otista aya kana 1000 urangna. Pikeun èta, PD. Pasar Pakuan Jay geus nyadiakeun
tempat di tingkat 3 jeung opat pikeun maranèhanna dagang (Lani/Yana/Dadang HP)
ahm..
BalasHapus