Selasa, 05 Mei 2015

Isuk-isuk Usmar Geus Ngadeugdeug PKL Jalan Otista



Salasa isuk, kira-kira tabuh 06.00 Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman geus aya di Jalan Jalan Oto Iskandardinata, dibarengan ku Pingpinan PD. Pasar Pakuan Jaya,  Kepala DKP, Kepala Wasbangkim, Kepala DLLAJ, sarta Aparat Kecamatan Bogor Tengah, pikeun ngariksakeun kagiatan PKL anu keur daragang di wewengkon Pasar Bogor. Numutkeun inyana, pangna datang rebun-rebun kènèh pisan pikeun nitènan kayaan di pasar èta.
“Kagiatan sim kuring geus mindeng dilaksanakeun lain ngadadak, sabab geus dilakonan sataun samèmèhna,” tèmbalna basa ditanya ku wartawa. Inyana ogè negeskeun yèn panataan PKL, teu sagemlengna  ngatur tempat padagang. Nu pangpentingna mere tempat ka masarakat hususna pikeun nu ngagunakeun jalan. Di sagigireun èta, sanggemna, sangkan para padagang ngaronjatkeun disiplin pikeun ngajaga kabersihan tempat jujualanna.  Panataan PKL ogè kudu ngawengku panyadiaan tempat parkir pikeun kandaraan, boh pikeun motor atawa mobil, ulah ngabalukarkeun kamacètan. Sawatara èta  Direktur PD Pasar Pakuan Jaya, Andri Latif, nyebutkeun jumlah para PKL anu aya di Jalan Otista aya kana 1000 urangna. Pikeun èta, PD. Pasar Pakuan Jay geus nyadiakeun tempat di tingkat 3 jeung opat pikeun maranèhanna dagang (Lani/Yana/Dadang HP)



1 komentar: