Rabu, 06 Mei 2015

Panitia HJB ka 533 Sentradaksa Bakal Loba Kagiatan



Sakurangna aya 5 kagiatan anu bakal dilaksanakeun ku Panitia Hari Jadi Bogor (HJB) ka 533 Sentradaksa Bogor, nyaèta Ngarumat Cai, Babagi Iket, Pawey Obor,Ngumbah Kujang sarta Napak Tilas. Hal èta ditegeskeun pupuhu panitia anu ogè pupuhu Sentradaksa, Ki Tjetjep Thoriq mangsa mingpin  pasamoan ngeunaan  kagiatan anu bakal dilumangsungkeun di Sekretariat Sentradaksa, Jalan Kedung Halang No. 3 Kecamatan Bogor Utara, Kota Bogor. Pikeun ngarumat cai, bakal dilaksanakeun dina tanggal 23 Mei. Salian ti ngarumat atawa ngarawat sumber-sumber cai, ogè bakal ngala cai ti  7 sumber cai, pikeun digunakeun dina ngumbah kujang jeung babakti.
“Urang Sunda salilalana teu bisa leupas tina cai, sarta cai mangrupa sumber kahirupan. Ceuk carita karuhun baheula, sumber cai anu aya di Kota Bogor sakabèhna cikahuripan, “tegesbna. Sawatara ngumbah Tugu Kujang bakal dilaksanakeun dina bulan Mei ogè. Sedengkeun babagi iket bakal dua rintakan, kahiji mangsa hèlaran 30 Mei 2015 anu kaduana dina tanggal 2 Juni. Pikeun pawèy obor, bakal dilaksanakeun dina tanggal 1 Juni peuting anu saterusna diteruskeun ku pagelaran wayang golèk dibalai kota.
“Kusabab ieu mah hajat urang Bogor, nya taya salahna anu masarakat Bogor ilubiung dina acara pawèy obor, bari sakalain mawa obor sèwang-sèwangan,”pokna daria. Inyana miharep pisan pawèy obor anu mangrupa syiar ngeunaan milangkala Bogor, leuwih ramè ti taun samèmèhna.  Pikeun ngaramèkeunna, sanggem Tjetjep, pihak panitia bakal ngondang sakola-sakola jeung masarakat umum. Acara lianna anu  bakal dilaksanakeun napak tilas nu “routena” ti Batutulis, ka Rancamaya jeung Ranggagading. Acara babakti bakal dilaksanakeun dina tanggal 2 Juni, maleman 3 Juni.
 “Ieu mah mangrupa pangwujudan rasa syukur urang, yèn umurna Bogor geus nepi ka 533 taun,”tegesna. (Dadang HP)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar