Kamis, 21 Mei 2015

Bogor Tètèla Beunghar ogè ku Batu Akik



Wewengkon Kabupatèn Bogor  dina urusan batu akik, t
H. Endang Keu Nembongkeun Batu Akik

Batu Akik Sanggabuana anu nileyna 9

Batu Akik Asli Bogor
ètèla teu èlèh ku nu sèjènna. Sabab di Kabupatèn Bogor loba pisan bahan batu akik, salian ti loba  jinisna ogè rupa jeung kualitasna alus pisan. Hal ieu ditegeskeun ku salah saurang pangoleksi  batu akik Bogor, H. Endang Kosasih mangsa ngariung di wewengkon  Indaprasta, Kacamatan Bogor Utara Kota Bogor. Endang anu manten Ketua DPRD Kabupaten jeung DPR-RI ieu ngahaja apruk-aprukan sorangan ka sababaraha tempat pikeun ngabuktikeun lamun di Bogor beunghar ku batu akik.
“Aya sababaraha tempat anu ku kuring dijugjug  sarta digali langsung, diantarana di Kacamatan Cariu jeung Jasinga,”sanggemna. Di Kacamatan Cariu, inyana meunang sababaraha jinis batu, diantarana Yaman, Badar Asem, Pancawarna sarta Sanggabuana. Tah ngeunaan batu Sanggabuana, saentas ditest tètèla kaasup batu akik anu pangteuasna, nilèyna tèh 9 (salapan). Padahal umumna anu aya ukur 6 atawa 7, ukuran teusna tèh. Mangsa ditanyakeun naha di Gunung Salak aya batu akik? Ceuk Endang bisa jadi, ngan  dirina can nepi ka palebah dinya. Sabab  bèja anu asup ka dirina kakara wewengkon Cariu jeung  Jasinga. Hanjakalna batu- batu akik asal Bogor ieu èlèh pamor atawa kawèntar ku daèrah sèjèn.
“Tah ti dua tempat ieu, kuring meunang sababaraha jinis batu,”tegesna bari nyaritakeun siap nganteur ka jalma-jalma anu kurang percaya kana ayana bèja ieu. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar