Walikota
Bogor Bima Arya dibarengan ku Wakilna, Usmar Hariman, Ketua DPRD Kota Bogor,
Untung W. Maryono sarta rèngrèngan Muspida, narunggang kuda mingpin hèlaran dina
raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, Saptu(30/5) Helaran anu
dimimitian ti Air Mancur Jalan Sudirman
ieu, dimimitian ku laporan pupuhu Helaran, anu ogè Kepala Dines Kebudayaan,
Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor, H. Shahlan
Rasyidi. Numutkeun Shahlan, sakurangna 5 rèbu urang pamilon Helaran anu
ngawengku sanggar, komunitas seni jeung budaya, ti Kota jeung Kabupatèn Bogor,
sarta ti saluareun Bogor miluan dina hèlaran ieu. Nu milu pawèy helaran ieu diantarana ti Sanggar Edas, Setia
Wargi, Gandes Pamantes, Citra Budaya, PMID, Mojang Jajaka, Puseur Padjadjaran,
Universitas Pakuan sarta nu lianna.
“Salian
ti arak-arakan para seniman aya ogè pawèy
mobil hias, sapeda jeung nu lianna, bari ngagunakeun payung,”tegesna. Anu rada narik perhatian nu narongton, aya
seni genyet ti Kabupayen Purwakarta anu
dipingpin ku Bupatina langsung Dedi Mulyadi. Kang Dedi, sebutan wanoh pikeun
Bupati Purwakarta ieu, nikreuh dibarengan ku barudak anu awakna dilulur ku
leutak,
sarta di satukangeunna ku rupa-rupa papaès
sèjènna. Numutkeun Kang Dèdi, Seni Genyet, saujratna ngingetan ka sakabèh
manusa, yèn asalna diciptakeun tina taneuh. Salian ti èta, Seni Genyet ieu
pikeun ngawanohkeun ka balarèa, yèn Kabupaten Purwakarta panghasil barang
garabah anu bahanna tina taneuh. Di Jalan Sudirman, tegesna di hareupeun,
Pusdikzi, para pamilon helaran ieu, mintonkeun kabisana salila 3 menit, sarta
dipungkas di Lapangan Sempur. Peutingna, Kabupatèn Purwakarta, mintonkeun
rupa-rupa kasenian dina raraga safari budaya anu dipingpin langsung ku Bupati
Purwakarta diluuhan ku Walikota Bogor katut wakilna, sarat rèngrèngan pajabat,
Muspida, seniman jeung budayawan Bogor. (Dadang HP)





Tidak ada komentar:
Posting Komentar