Sabtu, 16 Mei 2015

Warga Panaragan Mieling HJB ku waragad Rereongan



Lurah Panaragan, Rika Riana Riska Dewi kacida reueusna mangsa wargana bakal ngalaksanakeun sababaraha kagiatan dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533 ayeuna. Sawatara sababaraha kagiatan anu bakal dilumangsungkeun masih disawalakeun ku sababaraha panitia kalembagaan anu aya di Kalurahan Panaragan. Aya sababaraha usulan kagiatan diantarana, jalan sehat anu rutena ngurilingan wewengkon Pajajaran, tujuanna umajak ka masarakat sangkan kagiatan Hari Jadi Bogor (HJB) henteu ngan saukur dilaksanakeun di tingkat kota wungkul. Kagiatan lianna nyaèta lomba kabersihan antar RW anu tujuanna sangkan warga gotong royong ngabersihkeun wewengkonna, lomba mewarnai pikeun barudak  TK jeung PAUD kalayan wates umurna 6 taun.
“Pikeun lomba ngawarnaan ieu bakal gawè bareng jeung Bogor Trade World (BTW) sarta Superindo anu unggal taun ngabantuan,”sanggem Rika. Tapi lolobana mah waragadna tèh urunan ti warga Kalurahan Panaragan. (Tria/Dadang HP)

1 komentar: