Lurah
Panaragan, Rika Riana Riska Dewi kacida reueusna mangsa wargana bakal
ngalaksanakeun sababaraha kagiatan dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka
533 ayeuna. Sawatara sababaraha kagiatan anu bakal dilumangsungkeun masih
disawalakeun ku sababaraha panitia kalembagaan anu aya di Kalurahan Panaragan.
Aya sababaraha usulan kagiatan diantarana, jalan sehat anu rutena ngurilingan
wewengkon Pajajaran, tujuanna umajak ka masarakat sangkan kagiatan Hari Jadi
Bogor (HJB) henteu ngan saukur dilaksanakeun di tingkat kota wungkul. Kagiatan
lianna nyaèta lomba kabersihan antar RW anu tujuanna sangkan warga gotong
royong ngabersihkeun wewengkonna, lomba mewarnai pikeun barudak TK jeung PAUD kalayan wates umurna 6 taun.
“Pikeun
lomba ngawarnaan ieu bakal gawè bareng jeung Bogor Trade World (BTW) sarta Superindo
anu unggal taun ngabantuan,”sanggem Rika. Tapi lolobana mah waragadna tèh
urunan ti warga Kalurahan Panaragan. (Tria/Dadang HP)

sok nu sanesna..
BalasHapus