Kamis, 14 Mei 2015

Bima Umajak Pikeun Nyiptakeun Suasana Gawe nu Pikabetaheun



Walikota Bogor, Bima Arya  ngistrènan 74 urang pajabat  Eselon IV di lingkungan Pamarèntahan Kota Bogor, di rohangan 1 Balèkota Bogor Rebo mangkukna. Acara pangistrènan ieu diluuhan ku Ketua DPRD Kota Bogor Untung W. Maryono sarta rèngrèngan Muspika, sarta pingpinan OPD. Ka 74 urang pajabat  ieu diantarana golongan IV A jumlahna 50 urang, sarta golongan IV B aya 24 urang.  Dina pangbagèana Bima nètèlakeun yèn pangistrènan ieu disababkeun ku dua perkara, kahiji kabutuhan pikieun ngeusian jabatan anu lowong, kaduana pikeun nyepetkeun widang-widang anu raket patalina jeung program anu utama. Pangistrènan anu kadua kalina ieu, sanggemna,  mangrupakeun hasil panimbang Baperjakat  sarta  kabutuhan OPD.
“Dina kasempetan ieu sim kuring  hayang mèpèlingan ka urang sarèrèa utamana ka diri pribadi sorangan yèn urang kabèhan geus ngahangkeutkeun zona integritas. Gedè pisan harepan sangkan sakabèhna bisa nemonan nilèy-nilèy anu aya dijerona dina prak-prakan kahirupan sapopoèna,”saur Bima. Pasualan sèjènna nyaèta ngawangun kaayaan anu bisa nyiptakeun rasa betah mangsa keur gawè,  kusabab targè anu sakitu luhurna moal bakal kahontal  lamun taya kakompakan sarta suasana gawèna harènghèng. Inyana ogè umajak ka sakumna pingpinan OPD  pikeun ninggalkeun rasa umaing dina kadinesan. (Gus/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar