Selasa, 26 Mei 2015

Istura Ayeuna Ukur Kukurilingan di saluareun Wangunan



Dina raraga mièling milangkala Bogor ka 533, Pemkot Bogor hususna Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf)Kota Bogor deui ngayakeun  Istana Untuk Rakyat (Istura). Pangleupasan rombongan munggaran nu ka Istana Bogor ieu, dilaksanakeun ku Walikota Bogor, Bima Arya di buruan Gedong Kamunung Gading Kota Bogor. Kadisbudparekraf  Kota Bogor, Shahlan Rasyidi, nètèlakeun yèn Istura geus jadi agenda taunan milangkala Bogor anu didago-dago lain waè ku masarakat Bogor, tapi di saluareunana.
 “Istura anu ditaratas ti mimiti taun 2002  geus jadi ciri mandiri milangkala Bogor,”samgge, Shahlan. Numutkeun Shahlan, jumlah pamilon nu daratang ka Istana Bogor beuki deui beuki ngaronjat. Dina taun 2015 ayeuna, ti mimiti dibuka pangdataran, geus aya 5.420 urang  anu dalaftar. Hanjakalna, dina taun ieu mah, nu arasup ka Istana Bogor tèh teu bisa lalugina asup ka jero istana teu kawas taun-taun samèmèhna, kusabab Istana Bogor remen dijadikeun tempat ngantor ku  Presiden Jokowi.  Sawatara èta, Walikota Bogor, Bima Arya negeskeun  yèn dirina geus kapanggij jeung Presiden Jokowi, ngaenyakeun lamun kagiatan Istura rada bèda jeung taun kamari. Kagiatan Istura sorangan bakal lumangsung salila 5 poè, nyaèta ti mimiti tanggal 25 nepi ka tanggal 28, sarta pamungkasna tanggal 1 Juni 2015. Pikeun pangdaftaran disadiakeun tempat di hareupeun kantor BPPT-PM tukangeun Gedong DPRD Kota Bogor, di Jalan Kapten Muslihat. (Met/Gus/Dadang HP)


Walikota Bogor, Bima Arya

Kadisbudarekraf, Shahlan Rasyidi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar