Sakurangna
aya tilu kagiatan anu bakal jadi andelan Dinas Kabudayaan, Pariwisata jeung
Ekonomi Kreatif (Disbudarekraf) Kota Bogor anu bakal narik wisatawan sarta
ngaronjatkeun ekonomi masarakat Kota Bogor dina raraga Milangkala Bogor anu ka
533 nu bakal datang. Tilu kagiatan ieu diantarana Festival Budaya anu eusina Helaran
jeung pawey mobil hias, Pentas Seni,
Lomba Kabaret sarta nu lianna, Bogor Ekspo sarta Istana Untuk Rakyat (Istura),
di sagigireun kagiatan-kagiatan lianna. Hal ieu dicaritakeun Kadisbudparekraf Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi di sajumlah
wartawan di Hotel Ririn, Jumaah (21/5). Pikeun Bogor Expo anu bakal
dilaksanakeun ti mimiti tanggal 28 Mei nepi ka 1 Juni 2015 di GOR Pajajaran,
bakal nyadiakeun 190 stand pameran sarta sakabèhna geus pinuh.
“Anu
geus daftar aya kana 190 pamilon, 20 diantarana ti luar Kota Bogor, kaasup ti
Sulawesi Tengah, Lampung, Bangka Belitung jeung nu lianna. 150 UMKM Kota Bogor,
sarta anu dua puluh deui karajina khas Bogor,”sanggemna. Sedengkeun pikeun
Festival Budaya atawa helaran bakal dimimitian dina poe Saptu, 30 Mei 2015,
salian ti iring-iringan sanggar, rombongan seniman, budayawan, rupa-rupa komunitas, oge bakal aya rombongan
pasukan kuda jeung mobil hias.
“Sakurangna
aya lima kuda anu bakal ditumpakan ku Walikota Bogor, Wakil, Muspida satempat
anu bakal dimimitian ti GOR Pajajaran ka Lapangan Sempur. Sedengkeun mobil hias
bakal nguriling ka Jalan Juanda, Otista, Pajajaran, Warung Jambu sarta balik
deui ka Jalan Achmad Yani,”tegesna. Di
hareupeun Museum PETA. seni helaran bakal mintonkeun kamonèsanna salila tilu
menit. Sedengkeun pikeun Istura, inyana ngarasa kurang yakin lamun target 40 rèbu urang bakal kahontal,
sabab loba harungan di luar kakawasaan Pemkot Bogor.
“Izinna
kakara kaluar pisan, sarta ayeuna mah para pamilon tèh teu bisa asup ka jero
Istana. Kusabab Istana Bogor jadi kagiatan Presiden Jokowi,” ceuk Shahlan. Kitu ogè Kebon Raya Bogor anu taun kamari mah
bisa gratis dina milangkala Bogor ayeuna ukur mere potongan 50 persèn, tapi
pikeun museum mah sakabèhna haratis.
Kagiatan lianna anu bakal ngalibetkeun masarakat diantarana pawèy obor, Lomba
Getek, Ngubek Setu sarta stand up comedy dina basa Sunda, atawa Ngabodor Sorangan di Kalurahan Situgedè,
Kacamatan Bogor Barat Kota Bogor dina tanggal 9 nepi ka 14 Juni 2015 nu bakal
datang. (Dadang HP)
Kadisbudparekraf Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar