Rupa-rupa cara dina raraga
ngareuah-reuah mièling milangkala Bogor anu ka 533 taun 2015, diantarana anu dilaksanakeun ku Raibon ART anu ngalumangsungkeun Jomblo Festival di
rohangan Rapat 1 Balèkota Bogor, Saptu
(23/5). Numutkeun Ketua panitiana,
Tresna Nugraha kagiatan ieu pikeun ngangkat budaya Jawa Barat jeung
ngawanohkeun pariwisata Kota Bogor ku
judul anu bakal narik ati para rumaja. "Festival ieu dipiluan ku 300 urang
anu asalna ti Kota jeung Kabupaten Bogor
ogè ti saluareun Bogor,"tegesna.
Jomblo Festival ieu dieusian ku stand up comedy, kagiatan mopohokeun urut kabogoh, tari tradisional,
malem puisi Bogor, sosial, teater, UKM
seni jeung budaya Universitas Pakuan sarta Bogor vidgram/ beat box. Sawatara èta
Kepala Dinas Kebudayaan, Pariwisata
jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor Shahlan Rasyidi
miharep festival anu munggaran ieu bisa mawa angin seger utamana pikeun para
jomblo sangkan henteu jomblo deui.
"Mugia wè bosa jadi inspirasi
pikeun para pamilonna,”tegesna. Sedengkeun ngeunaan aspek wisata, ceuk Shahlan,
memang Kota Bogor jadi tujuan wisata kadua di Jawa Barat pikeun masarakat
Indonesia. Sektor ieu jadi panyumbang PAD kadua panggedèna pikeun Kota Bogor. Sarta ti saprak Bogoh Ka Bogor jadi tema HJB ka 533,
geus waktuna masarakat nyaah ka kotana. (Met/Gus/dkw/dadang hp)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar