Pangurus
Radio Antar Penduduk Indonesia (RAPI)
Kota Bogor masrahkeun 1000 bibit pohon mahoni ka Walikota Bogor pikeun kagiatan
perkemahan anggota RAPI Kota Bogor anu bakal lumangsung di Sukamantri Ciapus
Bogor nepi ka 3 mei 2015.
Pamasarahan bibit pohon ieu
dilaksanakeun ku pupuhu panitia. MS. Shidiq poe tadi, Kemis (30/40. Numutkeun
inyana kagiatan anu dilaksanakeun ku RAPI dina raraga mièling hari bumi 2015 anu tujuann milu miara lingkungan. Tina 1000 tangkal mahoni èta, bakal dibagikeun
unggal kacamatan lobana 150 tangkal.
Sawatara èta Walikota Bogor, Bima Arya negeskeun yèn parobahan hawa
dunya ayeuna, kacida ektrima.
“Kota
Bogor anu tadina tiis, ayeuna mah geus karasa panas. Pikeun ngungkulanna kudu
loba melak tatangkalan. Diharepkeun ku lobana tatangkalan bakal malikeun deui hawa anu geus panah jadi iuh
deui,”ceuk Bima (gus/yana/dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar