Dina raraga ngahangkeutkeun
Rebo Nyunda anu geus dilaksanakeun di sakolana, Kepala SMP PGRI 2 Kota Bogor,
Yayat “Odoy” Hidayat bakal ngalengkepan ku pamuteran ku kawih-kawih Sunda ti mimiti
tabuh 06.30 nepi ka tabuh 07.00
isuk, samèmèh barudak asup ka kelas. Hal èta ditegeskeun Yayat ka
WBS, di rohangan gawèna, di Jalan Seameo Biotrop, Kacamatan Bogor Selatan Kota
Bogor. Kemis (30/4). Numutkeun Yayat, diharepkeun ku remen ngadèngèkeun
kawih-kawis Sunda, boh Mang Kokoan atawa karawitan, kanyaah barudak kana
kawih-kawih Sunda beuki ngandelan.
“Piraku lamun dibiasakeun
mah barudak teu raresepeun, komo deui di jero kawih sunda mah, aya gelik suling jeung jèntrèng kacapi anu matak
ngahudangkeun rasa,”pokna daria. Jadi, sanggemna, Rebo Nyunda lain ngan saukur
heuyeub ku papakèan wungkul, tapi ogè dieusi ku seni, sarta basa Sunda.
“Sim kuring bakal marèntahkeun
ka guru Sunda di SMP PGRI 2, sangkan ngajarkeun dua kecap heula mangsa barudak
digeroan ku indung bapana, diantarana kulan pikeun barudak lalaki, sarta kah
pikeun barudak awèwèna,”tegesna. Kecap kulan jeung kah, tètèla lain ngan saukur
ucapan wungkul, tapi di jerona aya pangajaran anu ngandung kaluhungan utamana
sikep ka nu jadi kolot. Lamun diperhatikeun
kalayan daria hususna dina anatomi kecap, sora nu nèmbalan moal leuwih bedas tibatan nu
ngageroan.
“Dina agama Islam
diajarkeun yèn lamun diajak nyarita ku
nu leuwih kolot, komo indung bapan mah, sora anak teu meunang leuwih
bedas ti nu leuwih kolot umurna,”ceuk Yayat. Patali jeung kawih Sunda anu bakal
digalindengkeun di sakolana, Yayat yakin pisan bakal aya mangfaatna pikeun
kajiwaan murid-muridna. Komo deui ieu mah aya patalina jeung indung-bapa sarta
karuhunna. (Dadang HP)



Tidak ada komentar:
Posting Komentar