Wahangan Kalibaru, Katulampa, Ahad (26/4)
ngadadak ramè pisan, utamana ku barudak ngora. Mangratus-ratus rumaja ieu lain
ngadon ngarojay, tapi mulungan runtah tina jero cai, sarta sabagèanna melak
tangkal di sisi walungan, sarta sabagèan deui ngaleupaskeun binih lauk.
Kagiatan mangrupakeun mièling Hari Bumi anu dilaksanakeun ku komunitas Gerakan
Seribu Cinta Untuk Senyum Sesama (Gebu Cinta). Teu kurang ti 500 urang barudak
sakola Kota Bogor ilubiung kana kagiatan anu lumangsung salila kurang leuwih 6
jam. Numutkeun panaratasna, Lutfi Kurnia, kagiatan samodèl kitu ngahaja
dipilih, salian ti ngabagèakeun Hari Bumi ogè mièling milangkala Bogor anu ka
533 taun.
“Kuring jeung rèngrèngan umajak ka
barudak sakola sangkan ngalaksanakeun kagiatan anu nyata pikeun kapentingan
lingkungan. Sarta miharep kagiatan ieu bisa jadi pangdorong maranèhanna
ngalaksanakeun kagiatan nu malirè kana wewengkonna,”ceuk Luthfi. Inyana ogè
ngarasa reueus ku lobana barudak sakola anu miluan sarta aya kana 500 urangna.
Sawatara èta, Ketua RT 5 RW 9, Katulampa, Ahmad ngahaturkeun nuhun sarta ngarasa bungah kana
kagiatan anu ditaratas ku Gebu Cinta.
“Kagiatan ieu bisa
jadi panyumanget ka barudak ngora anu aya di Katulampa anu salila ieu ngalobakeun
nongkrong. Kuring miharep kagiatan samodèl kitu bisa diteruskeun sangkan
wahangan jadi bersih salilana,”pokna daria. Kagiatan ieu ogè dirojong ku Aksi Cepat
Tanggap (Organisasi Kamanusaan), Dinas Kebersihan jeung Pertamanan sarta Badan
Pengelolaan Lingkungan Hidup Kota Bogor( ARW /Dadang HP).jpg)
.jpg)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar