Rabu, 08 April 2015

Kota Bogor geus Mibanda BGR



Sataun Walikota Bogor  Bima Arya jeung   Wakil Walikota  Usmar Hariman mingpin Kota Bogor, menang kado istimèwa  nyaèta ayana Bogor Green Room (BGR) anu diresmikeun dina Salasa (7/4) di rohangan rapat 3 Balèkota, Bogor. Numutkeun Bima yana  BGR mangrupa bagèan tina tarèkah anu tuluy tumuluy nuju Bogor Smart City (BSC). Salila ieu, sanggem Bima, aya sababaraha program anu geus dijalankeun di Kota Bogor dina raraga ngawujudkeun BSC diantarana pajak online, perijinan online jeung  pangaduan online.
“Rupa-rupa program anu geus dilaksanakeun èta mangrupa sistim pikeun ngalayanan masyarakat sangkan leuwih cepet  ogè pikeun masarakat loba mibanda akses pikeun  komunikasi jeung pamarèntah,”saurna. Ayana BGR ieu, sanggem Bima, teu leupas tina panghargaan anu ditarima ku Pemkot Bogor jadi juara kadua dina Indonesia Digital Society Award 2014.             


“ Poè ieu kakara lèngkah munggaran, tapi kahareupna BGR ditargetkeun bakal jadi puseur data anu ngawengku sakabèhna,”saurna.  Inyana ogè negeskeun yèn bukti sakumaha leutikna ogè lamun dikokolakeun kalayan hade jeung daria  bakal jadi kawijakan anu hade. Pagawèan imahna nyaèta kumaha  ngajadikeun data ieu sangkan bisa nyambung jeung kawijakan di lapangan.  Bima ogè negeskeun yèn ayana teknologi teu ngajadikeun urang kedul, tapi sakuduna jadi  leuwih rajin turun ka lapangan, sangkan nyaho kaayaan nu sabenerna. Sawatara èta, Prof. Suhono Harso Supangkat  minangka pupuhu  grup panalungtik Smart City ITB kacida ngahargaana kana rojongan Pemkot Bogor dina ngalaksanakeun BGR.          
Naon ari BGR?
BGR dimekarkeun minangka gawè bareng antara Telkomsel, Telkom, LAPI ITB jeung Pemkot Bogor. Tujuanna pikeun nyadiakeun data jeung informasi anu  akurat  sarta tepat dina mangsana anu bakal dijadikeun bahan nyieun kaputusan. Ku ayana BGR ieu, kayaan lalar liwat kandaraan di sababaraha tempat bakal kanyahoan langsung kaasup mobilitas kandaraan pikeun kapentingan balarèan kawas beus Trans Pakuan atawa mobil pemadam kebakaran anu geus dipasangan GPS.  Kahareupna BGR bakal mibanda layanan digitalisasi informasi di Dinas Kesehatan; layanan kapariwisataan kaasup karamèan  kauntungan tempat pariwisata; digitalisasi informasi di Dinas Pendidikan  ngawengku e-Learning atawa Learning Management System; ngaronjatkeun panglayana bencana kalayan tepat mangsana  jeung analisis kayaan panglayanan sarta waragad anu diperlukeun pikeun PJU.  Sakabèhna bakal kawujudkeun dina bulan Mei  nepi ka  Juli tahun ieu. (Humas/Dadang HP)      

1 komentar: