Rabu, 15 April 2015

Bima :Mangpaatkeun Teknologi dina Pamarentahan



Pikeun  ngawujudkeun pamarentahan anu bersih, Pemkot Bogor ngamangpaatkeun pangunaan teknologi. Lèngkah ieu ngahaja dilaksanakeun pikeun ngawangun intregitas. Biantara èta ditepikeun  Walikota Bogor, Bima Arya mangsa pangbukaan kagiatan koordinasi jeung suvervisi pangcegahan (Korsupgah)  korupsi taun 2015 di rohangan rapat III, Rebo (15/4/2015). Kagiatan ieu diteruskeun kana nèken Komitmen Pencegahan Korupsi Terintegrasi di  Pemkota Bogor.
 “Pamangpaatan teknologi pikeun wakca balaka atawa transparansi diantarana diterapkeun dina pangokolaan anggaran daerah, sarta aplikasi perizinan online anu ngutamakeun palayanan public anu cepet jeung kaukur,”ceuk Bima. Salian ti èta,  teknologi ogè bisa digunakeun pikeun mayar pajeg, nyadiakan barang-barang jeung jasa, pangaduan masarakat ngagunakeun call center sarta aspirasi, sarta nu panganyarna sistem monitoring lewat Bogor Green Room (BGR). Inyana ogè umaku reueus ku kapilihna Kota Bogor  jadi tempat dihangkeutkeunna  kagiatan Korsupgah Korupsi  2015.
“ Ku ayana program ieu, uang bisa ngajagaan ti mimiti dina parencanna nepi ka palaksnaanna sarta mere kasempetan ka nu ngajabat pikeun leuwih kreatif tur bisa meunang panimua anyar ogè sakaligus meunang pangjagana,” tegesna. (Tim Humas/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar