Mièling milangkala ka 8, Perusahaan Daerah Jasa
Transportasi (PDJT) Trans Pakuan Kota Bogor, ngalumangsungkeun acara anu
kawilang sederhana. Kagiatan mièling
dimimitian ku babagi karcis gratis anu lumaku sabulan ti mimiti tanggal 12
April nepi ka 13 Mei 2015, pikeun trayek Bubulak-Baranangsiang ka sajumlah
seniman, budayawan, pangurus OSIS, KNPI jeung Karang Taruna kota Bogor. Direktur Utama PDJT Trans
Pakuan babarengan jeung panumpang dina beus anu ka Bubulakkeun nerangkeun ayana
beus Trans Pakuan pikeun masarakat Bogor.
“Ku harga tariff anu ngan ukur Rp 5 rèbu PDJT
ngasubdisdi panumpang gedèna Rp 2200 ka unggal panumpang, unggal kilona. Ieu
mangrupa jangji pausahaan sangkan warga Kota Bogor bisa ngagunakeun
transportasi massal nu murah, tapi tetep aman jeung pikabetaheun,” saurna.
Inyana ogè negeskeun yèn panglayanan anu disadiakeun ku Trans Pakuan geus
saluyu jeung 10 standar operasi anu ditangtukeun ku pamarèntah diantarana, aya
AC-an, hargana tetep murah, jadwalna teu ngarèt, panglayanan ti kondektur jeung
supirna angger somèah,”pokna daria. Ogè perlu dicatet, salila 8 taun, can aya
kajadian anu teu diharepkeun kayaning ayana panumpang awèwè anu digadabah, sarta
lamun aya barang panumpang anu katinggaleun, bakal tetep aman.
“Pareng aya alamatna geus pasti bakal dianteurkeun
ka bumina,”sanggem Yonathan. Patali jeung hutang Trans Pakuan, inyana negeskeun
yèn hutang Trans Pakuan mangrupa warisan ti pangurus samèmèhna, sarta lamun teu
buru-buru dibayar, bakal jadi bangbaluh pikeun pangurus anu bakal datang. Ti
Januari kènèh, rèngrèngan direksi Trans Pakuan ngalaksanakeun sawala
jeung Pemkot sarta DPRD Kota Bogor pieun ngungkulanna. Hasilna dina taun 2016,
bakal aya Publik Service Obligation anu mangrupa subsidi ka Trans Pakuan
sangkan tetep jalan, bari panglayanna ngaronjat. Sanepina di Bubulak, Yonathan
dibarengan ku Direktur Operasi, Tri Handoyo ngabagikeun tiket gratis ka seniman
jeung budayawan, Pangurus OSIS, KNPI jeung Karang Taruna.
“Ideu babagi karcis ieu datangna ti Kang Dadang HP,
mugia bisa dimangpaatkeun pikeun kapentingan anu maslahat,”saurna. Rencanana,
dina poè Senen isukan ( 14/5) manajemen PDJT bakal babagi santunan ka 30 anak
yatim di masjid Al Mubarak di komplek paimahan Budi Agung, teu jauh di
kantorna. Sedengkeun dina Jumaah anu bakal datang bakal beberesih halteu atawa
shelter, saluyu jeung program Walikota
Bogor, Bogoh ka Bogor.
“Sim kuring umajak ka balarèa, hususna anu ayeuna
hadir, supados ngiringan dina kagiatan beberesih shlelter,” saurna. Salah
saurang panumpang anu harita kakara numpak beus Trans Pakuan, Zegeretna,
ngarasa aman jeung tengtrem mangsa ngajaran beus Trans Pakuan.
“AC-na lumayan tiis, kahareup insya Allah, sim
kuring jeung kulawarga bakal ngagunakeun beus Trans Pakuan,”ceuk Retna. (Dadang
HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar