Sataun mièling pamarèntahanna, Walikota Bogor, Bima Arya
Sugiarto dibarengan Wakilna, Usmar Hariman ngalumangsungkeun patepung lawung
jeung wargana, sakumaha anu dilaksanakeun di RW 9 jeung RW 11, Kalurahan
Bubulak Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor, Minggu (6/5). Dina kasempetan èta
Bima, Usmar dibarengan ku Kepala Dinas Kebersihan, Irwansyah jeung Pertamanan sarta rèngrènganna, Camat Bogor
Barat, Irwan Gumelar, Lurah Bubulak, Hermawan, anggota DPRD Kota Bogor, Mahpudi
Ismail, sarta para pajabat sèjènna dahar liwet bareng jeung inohong sarta warga
satempat. Dina kasempetan èta Bima jeung
Usmar ngabagikeun rupa-rupa hadiah ti mimiti DVD player, Rice Cooker,
sterikaan ka warga nu bisa ngajawab patanyaanna. Numutkeun Bima, kagiatan èta
kacida ngabungahkeun dirina, kusabab bisa jadi jambatan pikeun nganyahokeun
pasualan-pasualan anu aya di masarakat kota Bogor. Sawatara èta, Pupuhu Panitia Palaksana, Cecep Zakaria anu
ogè anggota Tagana Kota Bogor, negeskeun yèn sumpingna Bima jeung Usmar ka
Kampung Babakan, minangka bukti lamun aranjeunna teu mopohokeun wargana.
“Baheula mangsa keur ngamimitian kampanyeu, Pa Bima sareng Pa
Usmar kungsi diajakan ka dieu, sarta jangji bakal datang deui lamun kapilih,
tah ieu minangka buktina,”ceuk Cecep. Pikeun ngalumangsungkeun kagiatan èta,
Cecep ngajak sababaraha lembaga anu aya di Kalurahan Bubulak, diantarana Kader
PKK, Pos Yandu, ulama sarta nu lianna.
Pa Bima, sanggem Cecep kurang pati resepeun kana acara nu sifatna
formal, kukituna ngahaja wujudna ngaliwet bareng jeung ngawangkong. Ayana
kagiatan ieu dimangpaatkeun ku kader Pos
Yandu pikeun nanyakeun tunjangan pikeun kaderna, cara ngurus BPJS anu
dianggap pabeulit, nepi ka bèas raskin anu gorèng kualitasna. Sedengkeun Lurah
Bubulak, Hermawan negeskeun yèn samèmèh lumangsungna acara ngaliwat, dimimitian
ku pangbukaan bank sampah di dua RW, RW 9 jeung 11.
“Insya ku ayana kagiatan ieu, masarakat di dua RW ieu, bakal leuwih sumanget dina
ngalaksanakeun kabersihan, kaamanan jeung katrengteman di lemburna sèwang-sèwangan,”tegesna.
Salian ti babagi hadiah, Bima jeung Usmar ogè nyempetkeun ngawih jeung joged
babarengan masarakat anu ngarariungna. (Dadang HP)
 |
| Bina dipoto jeung para kader |
 |
| Pupuhu Pantia, Cecep Zarkasih |
 |
| Bima Joged jeung Kader PKK sarta masarakat |
 |
| poto bareng inohong |
 |
| Tuang liwet bareng |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar