Kepala
Dines Pendidikan Kota Bogor, Edgar Suratman negeskeun yèn kusabab wawacan
kabangsaan jeung kaagamaan leungit tina kalumangsungabn pendiidikan nyababkeun
munculna pasualan-pasualan goreng di barudak sakola Kota Bogor. Hal èta
ditegeskeun Edgar di hareupeun para
pamilon Sarèsèhan Ngabogor, Rabu (22/4)
di Gedong Haromoni Yasmin, Kacamatan Bogor Barat. Salian ti èta, sanggemna, barudak sakola
atawa rumaja teu wanoheun kana sajarah jeung budayana sorangan, maranèhna
leuwih nyaho kana budaya deungeun, kayaning Korea, Jepang sarta nu sèjènna.
“Sigana
barudak ayeuna mah moal pati apaleun kana kadaharan khas Bogor anu ngaranna oli
jeprèt jeung ancèmon,”sanggem Edgar deui. Salah
sahiji cara pikeun ngawanohkeunna ku cara ngagali kabeungharan budaya
Bogor, sarta ngawanohkeun ka barudak sakola atawa rumaja di Kota Bogor.
Istilahna lamun enya Bogoh ka Bogor nya kudu Ngabogor, carana ku miara laku
lampah anu hade, miara wewengkon jeung hade ka tatangga jeung sasama pokna
daria. Inyana ogè nètèlakeun yèn Gerakan Ngabogor lain ngan saukur dimekarkeun
di dunia atikan atawa pendidikan, tapi ogè bakl dimekarkeun di kelompok
masarakat. Kusabab kitu, inyana ngajak seniman jeung budayawan, guru jeung nu
lianna pikeun ngarojong program ieu. sawatar èta Wakil Walikota Bogor anu muka
Sarèsèhan Bogor ngajelaskeun yèn ngahadèan nudaya masarakat sangkan leuwih hadè
kaasup teu gampang kawas ngawangun
jamabatan atawa jalan.
“Ngawangun
karakter jeung kultur mah kudu dimimitian ti subuh kènèh ti budak leutik
sarta dilaksanakeun tuluy tumuluy bari
jeung teu bosen-bosen,” pokna daria. Sarèsehan anu lumangsung sapoè ieu
ngahadirkeun panyatur diantarana Guru
Besar Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, Profesor Yus Rusyana. Nu
ngaluuhan acara ieu aya Bunda PAUD Kota Bogor, Yane Bima Arya, Kepala Dinas
Pariwisata dan Ekonomi Kreatif, Sahlan Rasyidi, Kabag Humas Setda Kota Bogor,
Encep Alhamidi dan mantan Bupati Bogor, Soedrajat Nataatmadja sarta seniman
jeung budayawan Bogor lianna. (Humas/Dadang HP)




Tidak ada komentar:
Posting Komentar