Sanajan hujan barudak SMP
Negeri 14 Kalurahan Situgede, Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor, teu galideur
jeung teu incah balilahan nyaksian pagelaran wayang golek singket anu
dilaksanakeun ku Ki Dalang Jajat S. Endang di lapangan volley sakolana, Jumaah
(24/4). Program Wayang Asup ka Sakola anu ditaratas ku Pepadi Kota Bogor
meunang pangbagèa anu kacida hadèna ti Kepala jeung rèngrèngan guru, sarta
murid SMP Negeri 14. Numutkeun Kepala SMP Negeri 14. Jana S. Nawastun, M.Pd,
pihakna ngahaja ngalumangsungkeun pagelaran wayang golek dina raraga ngarojong
program Bogoh ka Bogor, Walikota Bima Arya, sarta Program Ngabogorna Dines
Pendidikan Kota Bogor.
“Bogoh ka Bogor jeung
Ngabogor ceuk pamadegan kuring kudu dibarengan ku prakna, diantarana
ngawanohkeun seni tradisi hususna wayang golek. sabab di jerona loba atikan
pikeun barudak sakola,”saurna sabada pintonan. Kabeneran dina poè Jumaah èta,
Kapala Dines Pendidikan Kota Bogor, Edgar Suratman sareng pajabat Disdik sarta
kapala sakola sa-Kecamatan Bogor Barat keur ngalaksanakeun Jumling anu
dipungkas di SMP Negeri 14.
Sawatara èta, Dalang Jajat S. Endang nu
kapapancenan meunang tugas ti Pepadi Kota Bogor, ngarasa reugreug jeung reueus
mangsa merhatikeun barudak SMP Negeri 14 anu tetep narongton sanajan dina kaayaan
hujan. Inyana ogè negeskeun, kulantaran waktuna singket pisan (ukur sajam)
lalakon anu dibawakeunna ogè disaluyukeun jeung kaayaan,
“Sim kuring leuwih loba
mawakeun carita anu raket patalina jeung dunya atikan, sarta kajadian-kajadian
anu keur lumangsung dina wangkid kiwari,”pokna
daria. Di SMP Negeri 14, Jajat anu ogè Wakil Pupuhu Widang Pamentasan,
lain ngan saukur magelaran wungkul, tapi ngajarkeun kumaha ngigelkeun wayang,
sarta boga rencana bakal ngabuka kursus wayang golek pikeun barudak sakola.
“Soal tempat jeung kumaha
wujudna nuju disawalakeun sareng Ketua Pepadi, Bapa Haji Shahlan
Rasyidi,”tegesna. Fauziah, murid kelas
7, nyebutkeun kacida resepna kana wayang golek.
“Kuring terang ka Srikandi.
Arjuna, sareng nu sanèsna. Tapi nu pangresepna mah ka Si Cepot, lucu
pisan,”ceuk Fauziah. (Dadang HP)



KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.
BalasHapusKAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.
KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.