Ceuyahna garong atawa bègal motor
anu ngahariwangkeun urang Bogor,
disikepan ku Muspida Kota Bogor, diantarana ku jalan ngalumangsungkeun
rapat koordinasi di Mabes Polres Kota Bogor, Rabu (1/4). Rakor ieu
dipiluan ku Walikota Bogor Bima Arya, Kapolres Bogor Kota AKPB
Irsan, Dandim Letkol Rahkmat Santoso
jeung anggota muspida sèjènna Pol
PP, Camat jeung Lurah sa-Kota Bogor. Pikeun ngungkulan
pasualan èta, rèngrèngan Muspida jeung aparat wilayah bakal ngalaksanakeun pangamanan wewengkon
kalayan jadwal anu tetep. Diantarana di
tempat-tempat anu remen dijadikeun kajahatan, ngariksa tempat-tempat anu
nyurigakeun sarta umajak ka warga sangkan ngajaga kaamanan di lingkunganna sèwang-sèwangan.
Ogè, bakal sacepetna datang mangsa aya kajadian anu teu diharepkeun. Bima ogè
meredih ka Camat jeung Lurah sangkan nitènan
sarta babagi tugas pikeun mariksa tempat-tempat anu geus dipasanan CCTV sarta ngagantian ku CCTV anu kualitasna leuwih
hade. Patali jeung panerangan jalan umum, Bima mènta sangkan sacepetna dilaksanakeun
pamariksaan ka PJU anu lampuna geus paèh.
“Sim kuring miharep pisan sangkan
masarakat ngalaporkeun sagala kajadian
kana media on line, sangkan sagala pasualan sacepetna bisa diungkulan,”
sanggemna (Humas/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar