Kamis, 02 April 2015

Kejari Bogor Ngamusnahkeun Barang Bukti



 Kejaksaan Negeri Bogor  ngamusnahkeun  rupa-rupa barang bukti anu geus meunang kakuatan hukum tetep, di buruan Kejari Bogor, Rebo (1/4/2015). Barang bukti anu dimusnahkeun nyaèta narkoba anu mangrupa ganja 40.336,289 gram, Tramado  jeung Tri  Hetitium 570  siki, shabu-shabu 40,215 gram, Altrazolam 25 butir  jeung pèl Lexsotan 10  siki,  27 lambar  duit  palsu 100 rèbuan 153 lambar, Dolar Singapura 110 rèbu dolar  sarta  8.269 lembar  duit Brazil anu 5 rèbuan.  
Numutkeun Kepala Kajaksaan Negeri Bogor,  Katarina Endang Sarwestri,  ampir 80 persèn pasualan anu dibèrèskeun ku Kejaksaan Negeri Bogor ngeunaan narkoba.  Dumasar kana barang bukti anu  dimusnahkeun, sumebarna narkoba di Bogor geus aya dina kaayaan manghariwangkeun. Eta tèh kakara di Kajaksaan wungkul, encan anu geus dimusnahkeun di Polres Bogor, pastina leuwih loba deui, sabab anu di Kajaksaan Negeri Bogor mah, ukur sèsana. Inyana miharep kagiatan èta,  bisa jadi titimangsa  pikeun merangan sumebarna narkoba di Kota Bogor. Inyana ogè umajak ka sakabèh pihak sangkan leuwih malirè sarta ancrub miluan merangan musuh masarakat ieu.  Kagiatan ngamusnahkeun ieu dipungkas ku panèkenan berita acara  ku Sekretaris Daerah Kota Bogor Drs. H. Ade Sarip Hidayat, Komandan Kodim  0606 Kota Bogor Letnan Kolonel ARH Rakhmad Santoso, Ketua Pengadilan Negeri Bogor John Tony Hutauruk, SH, anggota DPRD Kota Bogor Najamudin, Kepala Dinas Kesehatan Kota Bogor Dr. Rubaeah, sarta Kapolres Bogor Kota anu diwakilan ku Kasat Narkoba.(Humas/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar