Lingkung
Seni Sukarya anu pernahna di Kampung Tapos Desa Sukaharja Kacamatan Cijeruk
Kabupaten Bogor, anu biasana tiiseun ngadadak haneuteun. Loba jalma anu marakè
kampret, pangsi hideung jeung ditotopong pasuliwer di tempat èta. Kitu ogè
jentring kacapi jeung gelikna sora suling, ngahaneutan wewengkon anu hawana tiis
kawas di Puncak. Panyabab Poè èta, Ahad
(25/4) di lingkung Seni Sukarya diresmikeun Puseur Seni jeung Budaya Sunda
Tatar Pakuan ( PSBSTP) anu dialpukahan
ku nu boga villa ogè Lingkung Seni Sukarya, Baskara Sukarya. Numutkeun Baskkara
lingkung seni anu diadegkeunna geus dua taun, sarta salila ieu keur ngabina barudak
anu aya di sabudeuranna.
“Sababaraha
waktu kaliwat aya rombongan ti Karang Taruna anu ogè mèta dilatih. Atuh jadi
bingung, sawatara sim kuring teu pati ngawasaan Bogor, sabab salila ieu
padumukan di Jakarta. Ka dieu ukur, Jumaah, Saptu jeung Minggu,”pokna daria.
Keur bingung kumaha milampah, sanggemna,
kapanggih jeung Asep Tedy ti
Komunitas Iket Sunda (KIS) Bogor anu salila ieu ngagugulung kasundaan.
“Puguh
wè asa mobok manggih gorowing, manggih jalan komo meuntas,”saurna sabada
ngaresmikeun PSBSTP. Sawatara èta, Ki
Asep “Goler” Tedy nyanggemkeun kacida bungahna kana anu geus dijalankeun ku
Baskara.
“Perhatian
Pa Baskara kana seni jeung budaya Sunda kacida ageungna. Kabuktosan ayeuna di
lingkung seni anu dipingpin ku anjeunna diadegkeun wangunan pikeun kamajuan
seni jeung budaya Sunda,”saur Tedy. Di tempat ieu, salian ti bakal aya tempat
latihan Silat Sabandar Kari Madi ogè bakal aya palatihan seni nu lianna.
“Urusan
mayar palatih ditangkes ku Pa Baskara. Sedengkeun pikeun panggunaan wangunan teu ditarik
bayaran alias gratis,”tegesna. Tempat èta
ogè, ceuk Tedy, bisa digunakeun pikeun kagian lianna, boh sarèsèhan, seminar
atawa kagiatan naon waè anu aya patalina jeung kasundaan. Nu daratang dina acara ieu, tètèla lain ngan
ti Bogor wungkul, tapi ti KIS Bandung, Cianjur, Sukabumi jeung Karawang. Kitu ogè dina pintonan senina, lain ngan
saukur angklung jeung tari wungkul, aya ogè Karindingan Jaka Sunda, Kacapi
Suling, Sang jeung Kang Didin, sarta
seni tradisi sèjènna. (Dadang HP)
![]() |
| Baskara H. Sukarya |
![]() |
| Asep"Goler" Tedddy |
![]() |
| Sang sareng Kang Didn |
![]() |
| Karinding Jaka Sunda |





Tidak ada komentar:
Posting Komentar