Mangratus-ratus
barudak sakola dasar di kota Bogor, diajak nongton film animasi sajarah Bogor. Kagiatan minangka
bagian tina kalumangsungan Pasar Budaya 2015 anu tujuanna ngawanohkeun kabudayaan jeung sajarah Bogor. Acara bisa lumangsung hasil gawè bareng Kantin
Bioskop Keliling jeung Dinas Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor. Numutkeun Kadisbudarekraf Kota Bogor, Shahlan Rasyidi acara pamuteran film
di Gedong Kamuning Gading bakal lumangsung salia tilu poè nyaèta ti tanggal 7 April nepi 9 April 2015. Hal èta
dicaritakeun Shahlan mangsa muka cara dina Salasa (7/4/2015).
“Kagiatan Pasar
Budaya salah sahiji tarèkah pikeun nambahan ambahan ka barudak sakola sangkan
leuwih mikacinta ka Kota Bogor,”ceuk Shahlan. Inyana miharep ku ayana acara èta
bisa ngipuk rasa mibanda barudak sakola kana budayana sorangan anu jadi jati
diri bangsa, kukituna ngawanohkeun kasurtian satempat leuwih hade mangsa keur barudak kènèh. Panga
disebut Pasar Budaya, kusabab aya patalina jeung pamèran hasil karya barudak
sakola kayaning kujang bogor, pakèaian adat sunda, totopong sarta alat karinding. Sawatara èta Ketua Panitia
Hammad Ahmed ti Kantin Bioskop Keliling nètèlakeun yèn Pasar Budaya 2015 èta,
mangrupa salah sahiji wujud progarn pangokolaan rinèka budaya sakumaha anu dipintonkeun di Gedong Kamuning Gading. (Gus/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar