Saluyu jeung kawenangan KPK pikeun ngalaksanakeun koordinasi, supervise jeung monitoring kagiatan puseur jeung daerah KPK deui ngabèwarakeun Koordinasi jeung Supervisi Pencegahan (Korsupgah) Korupsi. Sabada di hangkeutkeun 3 taun kaliwat, acara anu dipigawè bareng jeung Badan Pengawasan Keuangan jeung Pembangunan (BPKP) ieu, salian ti neruskeun palaksanaan Korsupgah periode samèmèhna, dihusukeun kana evaluasi pangokolaan APBD taun anggaran 2014/ 2015 di 33 provinsi. Pikeun taun ieu, Kota Bogor meunang kahormatan jadi tempat pangbèwaraan program ieu. Kagiatan anu lumangsung di rohangan rapat II Balekota dina Rebu (15/4/2015) diluuhan ku Walikota Bogor Bima Arya, Pimpinan KPK RI Zulkarnain sarta Menteri Dalam Negeri RI Tjahyo Kumolo. Ketua KPK, Zulkarnain nètèlakeun yèn pangberantasan tindak pidana korupsi (tipikor) perlu ditingkatkeun kalayan profesional, intensif sarta tuluy-tunuly kusabab geus ngarugikeun nagara jeung ngaganggu pangwangunan nasional. Numutkeun inyana, dina Korsupgah 2015, pangawasan dihususkeun kana dua hal nyaèta pangokolaan dana hibah jeung bansos, sarta panyadiaan jeung jasa dina widang infrastruktur, pendidikan jeung kesehatan.
”Salian ti èta, kagiatan ieu ogè dihususkeun kana kapentingan nasional utamana widang katahanan pangan jeung panghasilan pemkot/ pemkab taun anggaran 2014/ 2015,”sanggemna Minangka lèngkah saterusna tin Korsupgah taun samèmèhna, pemda perlu didorong pikeun nyusun jeung neruskeun tina Korsupgah 2014, diantarana timbul kasadaran ti kapala daerah, civil society organization (CSO) sarta instansi patali jeung ayana pasulan tur daria ngahadèanna. Sabada pangbèwaraan diteruskeun ku nèkèn Komitmen Pencegahan Korupsi Terintegrasi ku Pemkot Bogor. Lèngkah ngahaja dijalankeun ku Pemkot Bogor dina raraga ngurangan tipikor, fraud, sarta paripolah koruosi dina prakna di lapangan (Tim Humas/Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar