Mièling milangkalana anu ka 8 dina 12 April 2015, Perusahaan Daerah Jasa Transportasi (PDJT) Trans Pakuan
Kota Bogor, bakal ngalumangsungkeun sababaraha kagiatan, diantarana kartu PDJT Trans Pakuan ka sababaraha panggiat
sosial. Hal èta ditegeskeun ku Direktur
Utama PDJT Trans Pakuan, Yonathan Nugraha
di kantorna, Rebo (1/4). Numutkeun Yonathan kartu ieu bakal dibagikeun ka seniman, budayawan,
pangurus OSIS, LSM, Ormas, Organisasi Kapamudaan jeung panggiat sosial mangsa
mièling milangkala dina 12 April nu bakal datang. Salian ti babagi kartu, PDJT
ogè bakal ngahangkeutkeun program #Heman ka Trans Pakuan dina raraga ngarojong
program #Bogoh ka Bogor anu geus dibèwarakeun ku Walikkota Bogor sababaraha
waktu kaliwat.
“Salah sahiji program #Heman ka Trans Pakuan nyaèta
babarengan ngajaga jeung ngaraksa beus sarta shelterna sangkan ulah nepi
dikotoran atawa vandalisme,”pokna daria. Kujalan ngajaga sarana Trans Pakuan
sangkan tetep beresih, sarua jeung ngarojong program #Bogoh ka Bogor. Yonathan
ogè nètèlakeun yèn dina Rebo (1/4), 27 beusna geus dipasangan alat GPS (global
posisioting system) ku Walikota Bogor. Alat ieu
minangka sumbangan ti CSR PT.
Telkomsel.
“Ku ayana alat GPS ieu pihak pausahaan bisa nyaho kajadian nu
tumiba ka beus sarta bisa mere tindakan
anu cepet lamun aya kajadian anu teu diharepkeun,”sanggemna. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar