Pasar Budaya anu dilumangsungkeun di Gedong
Kamuninggading, ti mimiti Salasa nepi ka Kemis (7-8 April 2015) hasil gawè
bareng Kantin Bioskop Keliling jeung Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi
Kreatif (Disbudaparekraf), salian ti ngalaksanakeun pamuteran film animasi
ngeunaan Sajarah Bogor, ogè dipapaès ku pamèran rupa-rupa barang, salah sahijina stand pakèan Sunda jeung rinèka pamaès. Numutkeun Yadi anu
sapopoèna muka kios di Jalan Otista-Pasar Bogor, teu jauh ti Panto Gerbang asup
Kebon Raya Bogor, salila pamèran meunang hasil anu kawilang lumayan. Ngan basa
disedek-sedekku WSS, sabaraha panghasilanna salila tilu poè èta, inyan teu daèk
ngajelaskeun.
“Alhamdulillah
kang, teu kedah disebatkeun sabaraha jumlahna. Akang ogè terang anu
darongkapnapan barudak sakola,”ceuk Yadi anu sapopoèna teu pernah leupas tina
iket atawa totopong. Nu penting, tegesna, barudak sakola anu tadina teu
wanoheun kana pakèan Sunda, boh totopong, kamprèt atawa pangsi jadi arapaleun.
Salian ti ngajual pin kujang, rarangkèn leungeun, Yadi ogè nyieunan kaos anu gambarna ngeunaan
situs-situs anu aya di Bogor, diantarana Situs Batutulis jeung Prasasti
Ciaruteun.
“Lumayan nepi ka wangkid kiwari geus aya nu pesen,
boh ti Kota atawa Kabupatèn,”pokna daria. Yadi kungsi ngalaman meunang panghasilan
anu rada lumayan, mangsa di Kota Bogor, dimimitian Program Rebo Nyunda. Ngan
saentas èta, panghasilanna balik deui sakumaha biasana. Tapi sanajan kitu,
inyana jangji moal incah balilahan pindah barang jual nu lian.
“Nu penting Sunda bisa nanjeur boh seni jeung
budayana, kaasup pakèan. Sabab lamun
taya nu nyadiakeun dagangan anu aya patalina jeung Kasundaan, sok sieun urang
Sunda poho kana jatidirina,”teges Yadi. (Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar