Pikeun ngungkulan
lobana begal jeung kajahatan lianna, Kalurahan
Situgede Kecamatan Bogor Barat Kota Bogor ngahirupkeun deui Siskamling (Sistim
Keamanan Lingkungan) anu salila ieu mimiti ditinggalkeun ku wargana. Di
Kalurahan Situgede, ngawajibkeun deui sakabèh wargana pikeun ronda peuting.
Kagiatan ieu dimimitian ku pamasrahan kohkol ku Lurah Situ Gede Andi SIP, Ketua
LPM Eman Sulaeman jeung Babinkamtibmas
Kelurahan Situ Gede Agus S kalayan simbolis ka para Ketua RW sa-Kalurahan Situgde, Sabtu
(11/4/2015).
“Kagiatan ronda peuting ngahaja dihangkeutkeun deui pikeun
ngantisipasi ayana begal jeung kajahatan sèjènna. Pangbagian ieu minangka
simbol dimimitianna siskamling,”ceuk Lurah Situ Gede Andi SIP. Saluyu jeung
pituduh ti Walikota Bogor, sanggem Andi, siskamling kacida perluna dihirupkeun
deui kusabab dina wangkid kiwari loba kacaritakeun bègal jeung kajahatan sèjènn.
“Ieu mangrupa wujud warga nyaaheun ka wewengkonna,” saur
Andi. Numutkeun inyana, patugas anu keur jaraga di pos kamling, bisa ogè dipènta
tulung mangsa aya kajadian darurat, diantarana bisi aya nu rèk ngalahirkeun atawa aya nu
gering perlu dianteur ka rumah sakit. Sawatara èta, Ketua LPM Kelurahan Situ
Gede Eman Sulaeman kacida ngahargaanna kana ideu Kelurahan Situ Gede anu
ngahirupkeun deui ronda peuting.
“Selian ngajaga lingkungan, ronda peuting ogè bisa jadi
wadah silaturahim antara warga,”pokna daria. (Dadang HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar