Mièling Hari
Kesadaran Nasional Tingkat Kota Bogor deui dilaksankeun di buruan Balèkota
Bogor Jalan Juanda No.10 Kota Bogor dipingpin ku Wakil Walikota Bogor, Usmar
Hariman salaku Inspektur Upacara dina Jum’ah (17/4/2015). Di hareupeun para
pamilon upacara nyaèta rèngrèngan PNS di lingkungan Sekretariat Daerah Kota
Bogor, Usmar negeskeun kacida manghanjakalkeun
kusabab dina prakna, kasadaran anu diharepkeun can saluyu jeung harepan dina
kahirupan sapopoèna.
“Kusabab kitu dina kasempetn ieu sim kuring
hayang negeskeun jeung ngingetan sababaraha hal anu aya patalina jeung kabutuhan internal birokrasi boh anu langsung
atawa henteu dina runtuyan ngalaksanakeun kasadaran nasional èta sorangan,”sanggemna.
Inyana ogè umaku yèn minangka aparat pamarèntah remen kahengker ku aturan,
regulasi dina ngalarapkeun aturan anu geus aya. Tapi, regulasi
jeung katangtuan-katangtuan èta kudu dipiksadar ku urang sagemlengna.
Numutkeun inyana, eraturan-peraturan èta kudu jadi dadasar pikeun ngajalankeun sakumna jabatan kalayan
alus sarta mungkasna ku cara anu hade ogè.
Usmar miharep, kasadaran nasional dijadikeun konci pikeun mawa kana
jalan kaalusan dina ngalayana masarakat.
“Kusabab dalah
dikumaha ogè urang sarèrèa geus ditakdirkeun pikeun ngalayanan masarakat,”tegesna.
(Humas/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar