Dinas
Pendidikan Kota Bogor ngalumangsungkeun Olimpiade Olahraga Siswa Nasional
(O2SN) ka-VIII Tingkat Kota Bogor 2015 anu dipiluan ku 912 atlet ti SD,
SMP, SMA/ SMK sarta 150 official, di GOR
Pajajaran, Kemis (23/4). Para pamilon kagiatan ieu as alna ti 6 kecamatan sa-Kota
Bogor sarta unggal kacamatan ngirimkeun 152 atlet. Acara ieu diresmikeun ku Wakil
Walikota Bogor Usmar Hariman. Dina pangbagèana Usmar nètèlakeun yèn lobana
atlèt anu milu dina kagiatan èta, salah
sahiji ciri pangbinaan di generasi ngora kawilang sukses. Lima nepi 15 taun ka
hareup atlèt-atlèt anu ayeuna tandang
makalangan, diharepkeun bakal bisa mawa seungit Kota Bogor ku prestasina.
“Ku
ayana kagiatan positif samodèl kieu, salah sahijina olahraga, Pamarèntah Kota
Bogor sacara teu langsung geus nyalametkeun generasi ngora tina kagiatan negative anu bakal nyilakakeun
dirina,”teges Usmar. O2SN sorangan bakal dilaksanakeun ti mimiti tanggal 23
nepi ka 27 April 2015. Lokasi anu digunakeun pikeun kagiatan ieu diantarana
lapangan Makorem sarta sakola-sakola anu mibanda sarana anu cukup pikeun
ngalaksanakeun pertandingan. Sakurangna aya 11 cabang olahraga anu bakal
dilombakeun nyaèta atletik, tenis meja, voli, tenis lapangan, sepakbola mini,
bulutangkis, catur, renang, pencak silat, karate jeung sepak takraw pikeuun SD
jeung SMP. Sedengkeun pikeun SMA/SMK atletik, tenis meja, bulutangkis, pencak
silat, karate sarta catur. (Humas/Dadang
HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar