Selasa, 14 April 2015

Usmar :UN Online di Kota Bogor Lancar




Poè munggaran palaksanaan Ujian Nasional (UN) tingkat SMA/MA/SMK, Senin (13/4) diparios langsung Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman.  Dumasar hasil panitènan di lapangan, palaksanaan UN di Kota Bogor, sabagèan geus ngagunakeun sistim on line, tur lumangsung lancar.
“ Pikeun taun ayeuna, kakara tilu  SMK Kota Bogor  anu geus ngalaksanakeun Ujian ngagunakeun computer, Alhamdulillah lancar,”saurna basa ngawangkong di Radio Sipatahunan. Tilu sakola anu dimaksud nyaèta SMK Negeri  3 Kota Bogor, SMK Wikrama  sarta  SMK Infokom. Sabenerna, ceuk Usmar, aya sababaraha sakola sèjèn nu siap ngalaksanakeun UN online. Tapi jumlahna masih diwatesan ku pamarèntah puseur sarta sacara nasional UN On line ukur dipiluan ku 588 SMA/SMK sederajat  kalayan pamilonna aya 22.000 urang. Taun hareup Kota Bogor kudu leuwih ngaronjat. Prinsipna, numutkeun inyana, ti luhur aya kawijakan nu di handap aya kasiapan. Nu kakara siap dina taun ieu kakara 3  SMK. Sedengkeun patali jeung kaamanan, soal UN, boh ujian tulis atawa komputer dijamin moal bakal bocor aman.  Rohangan panyimpenan dilengkepan ku CCTV  sarta dijaga salila 24 jam. Kitu ogè panyaluranna dilaksanakeun disaluyukeun jeung jadwal Ujian Nasional. Salian ti èta, dipastikeun soal nu hiji jeung nu lianna bèda.
“Pikeun pamariksaan UN ngagunakeun komputer datana dikirim ka pusat data, sedengkeun pikeun anu manual langsung dibawa ka dibawa ke IPB,”tegesna. Pikeun kalancaran palaksanaan UN ieu, DLLAJ Kota Bogor nurunkeun 80 anggota, hususna dina kalancaran lalulintas, ceuk Kadis DLLAJ Kota Bogor, Achsin. Sababaraha tempat anu sering macèt diantarana Jalan Djuanda, Jembatan Merah  jeung nu lianna. (Humas/Dadang HP)
Wakil Walikota Bogor, Ir. H. Usmar Hariman

Tidak ada komentar:

Posting Komentar