Senin, 13 April 2015

Purwarkarta Bakal Miluan Ngareuah-reuah Milangkala Bogor ka 533



Bupati Purwakarta, H. Dedi Mulyadi, SH mastikeun  bakal ngirim tim kesenian ka pagelaran jeung helaran dina raraga mièling milangkala Bogor ka 533  anu bakal lumangsung ti mimiti bulan Mei nepi ka Juni 2015. Hal èta ditegeskeun Dedi di kantorna, mangsa narima Kepala Dines Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudaparekraf) Kota Bogor, H. Shahlan Rasyidi anu datang dibarengan ku event organizer (EO), Nanang, Senen (13/4).
“Insya Allah, sanes mung tim kasenianna wungkul, upami aya uleman mah, sim kuring ogè siap ngaluuhan cara milangkala di Kota Bogor,”sanggemna. Sawatara èta, Kadisbudparekraf Kota Bogor negeskeun ku ayana kasiapan Pemkab. Purwakarta ngirimkeun tim kasenianna, dipastikeun milangkala Bogor ka 533 bakal leuwih euyeub jeung ramè tibatan milangkala samèmèhna. Sabab balarèa ogè apal pisan kumaha ketak Bupati Purwakarta ieu dina ngamumulè Budaya Sunda. Salah sahiji cirina, nyaèta kaayaan kantorna anu heuyeub pisan ku ciri-ciri kasundaan.
“Malah sadidinten ogè, anjeunna katut para kepala dèsana teu tara leupas tina iket, raksukan Sunda. Kitu ogè dina nyariosna, tara leupas tina basa Sunda,”saurna. Acara milangkala Bogor, sakurangna bakal dieusi ku rupa-rupa kagiatan, salian ti mintonkeun rupa-rupa kasenian Sunda, ogè bakal dieusi ku kasenian ti 7 provinsi. Dina hèlaran anu bakal dilaksanakeun dina Saptu, 30 Mei 2015, bakal dipintonkeun mobil hias ti 68 kalurahan, 6 kacamatan, SKPD sarta ti pihak swasta.
“Dongkapna sim kuring ngadeuheus ka Bupati Purwakarta, salah sawiosna pikeun ngulem mantenna dina acara milangkala Bogor anu ka 533,”tegesna. (Dadang HP)


1 komentar: