Selasa, 14 April 2015

Sekda Ka Bandung Miluan Diklatpem.



Sekretaris Daerah Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat miluan Pendidikan  jeung  Pelatihan Kepemimpinan Tingkat II (Diklatpim Tk. II) Angkatan VII di Kampus I Badan Diklat Provinsi Jawa Barat. Diklatpim II ieu  bakal lumangsung salila kurang leuwih  4 bulan, ti mimiti tanggal 6  April nepi ka 30 Juli 2015. Bèja di ieu ditepikeun ku Kepala Bagian Humas Setdakot Bogor, Encep Moh. Ali Alhamidi. Numutkeun Encep, dina prakna teu sakabèh kagiatan diklat dilaksanakeun di jero kampus,  aya ogè anu dilumangsungkeun di instansi sèwang-sèwangan pikeun nyieun jeung ngalaksanakeun proyek parbahan atawa  istilahna off campus.
“Kagiatan di kampus bakal lumangsung salila tilu bulan atawa tilu tahapan nyaèta 5 nepi ka 11 April, 27 April nepi 16 Mei, d jeung 27-30 Juli,” sanggemna. Dina tilu tahapan ieu, Sekda bakal nyokot cuti sarta pancèn sapopoèna bakal dicangking ku Asisten Administrasi Umum Setdakot Bogot, Arif Mustofa Budiyanto, salaku Plh. Sekda. Panunjukan Plh Sekda ieu geus disebutkeun dina Kaputusan Walikota Bogor nomor 800.45-40 tahun 2015. Sedengkeun pikeun tahapan off campus,  bakal lumangsung dina dua tahapan yaitu 13-25 April  jeung 18 Mei-15 Juli.
 “Salila tahapan off campus ini, tugas Sekretaris Daerah Kota Bogor tetap dijalankeun ku Pa Ade Sarip,” tegesna  (ARW/Dadang HP)        

Kabag Humas Setda Kota Bogor, Encep M. Alhamidi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar