Senin, 20 April 2015

RAPI Sangkan Tetep Jadi Mitra Pamarentah



Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman miharep pisan sangkan Radio Antar Penduduk Indonesia (RAPI) Kota Bogor bisa terus jadi mitra Pamarèntah Kota Bogor, sabab salila ieu hasila karasa pisan pikeun pangwangunan Kota Bogor. Harepan ieu ditepikeun Usmar mangsa nyaksian pangistrènan Ketua katut rèngrèngan pangurus RAPI Kecamatan Bogor Utara.  Salah sahiji wujud kamitraan èta, ceuk Usmar diantarana rojongan RAPI dina nepikeun informasi pangwanguna
n ka masarakat, sarta sabalikna, pamarèntah ogè bisa narima rineka bèja jeung kajadian anu lumangsung di masarakat.
Ku ayana alat-alat komunikasi canggih dina mangsa kiwari, jalma bisa waè nyieun bèja bohong. Tapi kuring yakin anggpta RAPI mah moal nepi ka boga kalakaun samodèl kitu,”tegesna. Sawatara èta, Camat Bogor Utara R. Asep Kartiwa ngaharepkeun, RAPI  jeung  pangurus  anyarna bisa leuwih karasa ku masarakat. Inyana ogè negeskeun yèn  Pamarèntah Kacamatan Bogor Utara, teu bisa jalan sosoranganan, perlu  rojongan masarakat, kaasup RAPI. Dina kasempetan èta Rudi Jamaludin  minangka ketua  jeung rèngrènganna diistrènan Ketua RAPI Kota Bogor Hj. Emmy Suparyani.( (Met/Yana/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar